Sabtu, 09 Oktober 2010

Sisindiran

SISINDIRAN

Sisindiran téh asalna tina kecap sindir. Istilah sindir digunakeun ku M.A.Salmun (1963:19,23) pikeun salahsahiji golongan basa janget (plastisita basa) hartina malibirkeun maksud, henteu togmol atawa poksang ceplak Pahang. Sindir, kecap atawa omongan anu hartina henteu sacéréwélna. Sisindiran nya eta kasenian ngareka basa anu diwangun ku cangkang jeung eusi pikeun ngedalkeun maksud anu henteu saceplakna bari dipamrih karesmianana (Salmun, 1958:51).
Sisindiran kaasup wangun sastra lisan Sunda nu kaitung lana. Dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian, nu rengse ditulis dina taun 1518, tina eta naskah kapanggih yen dina mangsa harita oge sisindiran teh geus hirup, kaasupna kana kelompok kawih, kelompok seni sora lain kelompok sastra. Ku kituna, dina Wibisana dkk (2000:431-493), sisindiran kaasup kelompok sastra lagu.
Sisindiran kaasup kana wangun sastra lisan, ku kituna gancang pisan robahna ti waktu ka waktu teh, luyu jeung kahirupan masarakat Sunda nu makena. Salian ti gelar wangun lisan, aya oge sisindiran nu ngahaja ditulis ku urang Sunda, diantarana sisindiran karangan haji Hasan Mustapa.

Wangun Sisindiran
Rarakitan
Rarakitan asal kecapna tina rakit. Ari rakit ngabogaan harti sabage alat patalimarga di cai, biasana dijieun tina awi atawa kai. Puhuna ngahaja sina papak, ngarah alus katempona. Ari tungtungna mah sok recol teu puguh. Nu dimaksud rarakitan dina karya sastra oge hartina meh ngaharib-harib kana harti rakit anu ilahar kapanggih di cai, nya eta mangrupa karangan ugeran anu padalisanana papak di puhuna.
Dina Kamus Istilah Sastra, nurutkeun M.A. salmun (1963:61-62), disebut rarakitan teh pedah awal dina padalisan-padalisan cangkang dipake deui atawa dibaliken deui dina padalisan eusi, nepi ka siga masang ngarakit. R. Satjadibrata (1954) netelakeun dumasar kana dipakena, rarakitan teh nya eta sisindiran anu biasa dikawihkeun ku bodor reog.
Rarakitan, nya eta salah sahiji bangun sisindiran anu mentingkeun papak atawa saruana kecap anu aya dina puhu jajaran cangkang jeung eusi. Salianti eta, antara cangkang jeung eusi teu pada papak di puhuna (mindoan kawit). Salianti eta, antara cangkang jeung eusi teh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungan dina unggal padalisan (laraswekas). Jumlah engangna dina unggal padalisan aya 8 (dalapan) engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna eusi. Kiwari anu populer teh rarakitan anu sapadana diwangun ku opat padalisan; dua cangkang jeung dua deui eusi.
Disawang tina eusina, rarakitan teh bisa dipasing-pasing deui jadi tilu golongan, nya eta:
1. Rarakitan anu sifatna silih asih.
Contona;
Sapanjang jalan Soreang
Moal weleh diaspalan
Sapanjang tacan kasorang
Moal welwh diakalan

2. Rarakitan anu sifatna piwuruk.
Contona;
Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun urat
Sing getol neangan elmu
Nu guna dunya aherat

3. Rarakitan anu sifatna sesebred (guguyon).
Contona;
Majar maneh cengkeh koneng
Kulit peuteuy dina nyiru
Majar maneh lengkeh koneng
Kulit beuteung mani nambru

Paparikan
Paparikan asal kecapna tina parek, hartina deukeut. Nu dimaksud deukeut di dinya nya eta deukeut sora vokalna, utamana sora vocal dina engang panungtung. Sarua jeung rarakitan, disawang tina eusina paparikan oge bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nya eta:
1. Paparikan anu sifatna silih asih.
Contona;
Pucuk tiwu akar bangban
Amis mata di susukan
Mun rek milu geuwat dangdan
Cimata geura susutan
2. Paparikan anu sifatna silih piwuruk.
Contona;
Ka kulah nyair kapiting
Ngocok lobak bobodasna
Ulah sok liar tipeuting
Osok loba gogodana

3. Paparikan anu sifatna sesebred (guguyon).
Contona;
Poe Saptu poe Kemis
Salasa beuleut-beuleutan
Saha itu muril kumis
Leumpangna eundeuk-eundeukan

Wawangsalan
Wawangsalan nyaeta karangan anu diwangun ku sindir jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna teh tara ditetelakeun. Kudu diteangan tina bagian eusi. Wangsal teh sok murwakanti jeung salahsahiji kecap anu aya dina bagian eusi tea. Umumna eusi wawangsalan teh mangrupa silihasih, cinta batawa birahi.
Nilik kana wangunna, wawangsalan teh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaeta 8 engang.
Conto wawangsalan:
Belut sisit saba darat,
kapiraray siang wengi. (oray)
Wangun sisindiran
Salah sahiji carita nu dibalibirkeun téh nya éta ngaliwatan sindir, aya nu nyebutkeun sindir sampir aya ogé nu nyebutkeun Sisindiran. Ari maksudna mah sarua, sabada jalma nu diajak nyarita disindiran, dipiharep manéhna surti kana naon nu diucapkeun ku nu mere sindiran éta.
Sindir sampir wangunna mangrupa ungkara kalimah. Upamana baé mun aya jalma nu datangna kabeurangan tapi disindiran “Meuni isuk teuing dating téh”.
Beda jeug sindir sampir, wangun sisindiran mah ngahaja diatur sina merenah guru wilanganna jeung guru laguna. Umumna sisindiran diwangun ku opat padalisan. Padalisan kahiji jeung padalisan ka dua mangrupa cangkangna, sarta padalisan katilu jeung padalisan kaopat


DAFTAR PABUKON
Ruhaliah. 2002. Diktat Kuliah Sajarah Sastra Sunda. Ruhaliah: Bandung.
Salmun, M.A. 1958. Kandaga Kasusastraan. Ganaco: Djakarta.
Tamsyah, Budi Rahayu. 1994. Pangajaran sastra Sunda Pikeun SD, SLTP, SMU, jeung Umum. Pustaka Setia: Bandung.
Hadi, Ahmad. 1991. Peperenian (kandaga Unak-anik Rusiah Basa Sunda). Geger Sunten: Bandung.
Iskandarwassid. 1996. Kamuus Istilah Sastra. Geger Sunten: Bandung.
Faturohman, Taufik. 1983. Djatnika: Bandung.
Rusyana, Yus. 1982. Panyungsi Sastra. Gunung larang: Bandung.

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar