Sabtu, 09 Oktober 2010

Mantra

MANTRA
Mantra ka asup kana wangun puisi (wangun ugeran) bebas. Eusi mantra anu dianggap ngandung kakuatan gaib teh dipapatkeun ku nu boga maksud hayang meruhkeun nu sejen atawa nanjeurkeun kakuatan jeung komara pribadi. Hal-hal anu kudu di pigawe sangkan mantra teu cambal disebutna pameuli, saperti puasa, mati geni, tatapa, tirakat, ngisat diri, jsb.
Rosidi, 1995 : “Mantra sok dimuat dina majalah, timimiti Poesaka Soenda (1920-an) nepi ka kiwari”.
Tujuan digunakeuna mantra diantarana pikeun kasalametan/kamaslahatan (ngubaran nu gering), pikeun ngawasa sukma nu lian, sangkan diri pinunjul, sangkan padamikaasih, sangkan bedas, salamet gede sima, ludengan nyinglar, jeung ngariksa.
Dina KUBS mah, mantra teh hartina jampe.
Numutkeun sawatara ahli, mantra teh gumelarna dina mangsa animism/dinamisme, raket patalina jeung kapercayaan urang Sunda alam harita. Dina kamekaranana, kapangaruhan ku ageman urang Sunda sapandeurieunana. Hal eta kapanggih dina sawatara mantra anu ngagunakeun kekecapan tina basa Arab. Bisa jadi mangrupa bukti, sanajan urang Sunda geus ngagem agama Islam, tapi henteu ngaleupaskeun sagemblengna kapercayaan warisan karuhun.
Klasifikasi Mantra (Rusyana) :
 Asihan
 Jangjawokan
 Ajian
 Singlar
 Rajah
 Jampe
Asihan nya eta mantra nu dipake pikeun ngawasa atawa mangaruhan sukma nu lian, nu dipikacinta supaya bogoheun, jeung nu mapatkeunana pinunjul kakasepanana atawa kageulisanana nepi ka pada mikaasih (Rusyana, 1970)
Conto : Asihan si burung pundung
Asihan aing si burung pundung
Maung pundung datang amum
Badak galak datang depa
Oray laki datang numpi
Burung pundung burung cidra ku karunya
Malik wales malik asih ka awaking
Jangjawokan nya eta mantra nu dipake pikeun atawa rek milampah hiji pagawean. Tujuanana sangkan pinunjul hasilna, tur nu ngalampahkeunana aya dina kasalametan atawa karahayuan (Rusyana, 1970)
Conto : Paranti seuri
Puruluk buruy tina huntu
Paralak bay tina letah
Seukeut seuri tajem pantes
Pret mayang pret solasih
Ret nu hayang ret nu asih
asih ka seuri awaking
Si semar hah-hah-hah-hah
Si semar hih-hih-hih-hih
Si semar angguletik angguliyeng
(Rosidi, 1995)
Ajian nya eta mantra nu dipake pikeun meunangkeun kakuatan pribadi. Misalna sangkan ludeungan, bedas, awet ngora, jsb. Atawa pikeun ngajaga lembur, raja kaya, pepelakan, ingon-ingon, jsb. Salianti pikeun ngajaga diri oge, ajian sakapeung diparuhit ku tukang teluh (Rusyana, 1970).
Conto : Ajian pikeun kabedasan
Dampal suku ngabatu datar
Bitis batu wilis
Nyurup ka badanna
Nyurup ka sungsumna
Getih sabadan
Bulu sabadan
Bedas ngala ka aki
Bismillah
(Sumarsono,1983)
Singlar dipake pikeun nyinglarkeun gangguan jurig, kuntilanak, leleembut, musuh, sasatoan nu galak, jeung nu ngaganggumanusa (Rusyana, 1970). Tujuanana sangkan meunang karahayuan jeung tujuan sejenna nu hade.
Conto : Singlar ka musuh
Curulung cai ti magung
Barabat ti awang-awang
Cai tiis tanpa bisi
Mun deuk nyatru ka si itu
Mun deuk hala ka si eta
Anaking palias teuing
Rajah nya eta mantra nu dipake upama rek ngambah leuweung anu sanget, muka pihumaeun, nyieun babakan, nalukeun siluman-siluman, ngaruat, jsb (Rusyana, 1970). Salain eta, rajah mangrupa bubuka dina carita pantun, aya rajah bubuka jeung rajah panutup (pamunah).
Conto : Rajah muka pihumaeun
Bismillahirrohmaanirrohim
Nyi usuk-usuk bumi
Aki usuk-usuk bumi
Manyusup bumi pakuan
Sri angko wulu tumpuh timur tatar wetan
Nya di dieu lemah putih pipareeun
Sri bangbang sri bujang ka kidul
Istan istan
Jampe nya eta mantra nu dipake paranti nyageurkeun kasakit jeung kacilakaan, upama kabeureuyan, jengkoleun, jsb (Rusyana, 1970)
Conto : jampe dicoco kala
Kalaka kaliki
Kala lumpat ka sisi cai
Aing nyaho ngarran sia
Ngaran sia kuli kai
Tawa tawe
Ditawa ku sang indung putih
Tiis tipeuting waas tibeurang
Paripurna hurip waras
Bahan bacaan :
 Rosidi, ajip. 1995. Puisi Sunda Jilid 1.Bandung: Geger Sunten.
 Rusyana, Yus. 1970. Bagbagan Puisi Mantra Sunda. Bandung: Proyek Penelitian Pantun jeung Foklor Sunda.
 Rusyana, Yus. 1980. Panyungsi Sastra. Bandung : Gunung Larang.
 Salmun, M.A. 1963. Kandaga Kasusastraan Sunda. Bandung-jakarta: Ganaco N.V.
 Samsudin. 1989. Model Pangajaran Mantra di SPG pasundan Bandung (skripsi). Jurusan Pendidikan Bahasa Daeerah FPBS IKIP Bandung.
 Suryani, Dra. Eliis. 1999. Mantra Dalam Naskah Sunda. Jurusan Pendidikan Sastra Sunda UNPAD.
 Sumarsono, tatang. 1984. Pedaran Sastra Sunda. Bandung: Medal Agung.

Kawih

I. Kawih
Nalika ngareungeu pangajaran ngeunaan kawih, tangtu ahirna kudu apal jeung bisa ngabedakeun antara kawih jeung kasenian sunda sejenna. Saperti kakawihan, tembang, pupuh, jeung pupujian. Dijentrekeun ieu di handap.
- Kawih -
Dina Kamus Umum Basa Sunda (KUBS, 1995) wangenan kawih nya éta rakitan basa sabangsa dangding nu teu make patokan pupuh. Kawih téh lalaguan Sunda bébas, anu henteu kauger atawa kaiket ku aturan, boh laguna, boh rumpakana. Lalaguan pop Sunda karangan Nano S., Doel Sumbang, atawa nu sok dihaleuangkeun ku seniman calung Héndarso, éta téh lagu kawih.
Kawih jeung kakawihan ngabogaan sasaruaan nya éta sarua rakitan sabangsa dangding anu henteu ngagunakeun patokan pupuh, sedengkeun bédana nya éta tina fungsina, mun kawih mah saukur didangdingkeun atawa dilagukeun sedengkeun kakawihan mah ngabogaan fungsi tambahan nya éta dipaké dina kaulinan barudak.
Di handap ieu, mangrupa salah sahiji conto kawih

Hanya Ingin Kau Tahu (Sunda)
Ku: Cindy Nursiva

Duh karasana nu endah kapeurih ati
Hancurna ieu harepan nu pegat tina cintana
Teu nyanding abadi najan anjeun nu geus ngarti
Najan anjeun nu geus surti
Pamikir anjeun abdi teu ngarti

Reff: Ooh, naha anjeun teu ku harianeun
Beuratna kacinta sawangan implengan jeung salira
Keur milampah sesa mangsa nu ayeuna
Dina waktu ieu dina ahirna pas panungtungan
oo.. oo.. oo..
sok sanajan kitu ngan ukur tina impian
ngan ukur tina implengan ngan ukur hiji catetan
teu nyanding abadi najan anjeun nu geus ngarti
najan anjeun nu geus surti pamikir anjeun abdi teu ngarti
** reff

Pupujian

- pupujian –
Bisa dipastikeun yén ayana pupujian di masarakat Sunda téh sabada urang Sunda ngagem agama Islam. Hal ieu luyu jeung eusi pupujian nu salawasna ngeunaan kaagamaan.
Pupujian téh nya éta puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran agama Islam. Pupujian téh asalna tina sa’ir, nya éta puisi tina sastra Arab. Nu matak umumna pupujian wangunna téh méh taya bédana jeung sa’ir. Diwangun ku opat padalisan dina sapadana, sarta unggal padalisan diwangun ku dalapan engang. Tapi aya ogé anu diwangun ku dua padalisan dina sapadana; genep padalisan dina sapadana; jeung sajabana. Purwakanti nu aya dina pupujian, umumna purwakanti laraswekas.
Kartini spk. (1986:10) nyebutkeun yén pupujian téh gelarna di wewengkon pasantrén. Nyebarna pupujian ngaliwatan para santri, ti dinya ka masarakat, sarta ka sakola-sakola kaagamaan. Dina mangsa mimiti aya agama Islam, para kiayi satekah polah nepikeun pangajaran agama, salah sahijina dina wangun pupujian (Rusyana, 1971:12).
Cara macana, pupujian téh sok dikawihkeun atawa dinadomkeun. Umumna dibaracana téh di masjid saméméh solat, di madrasah, pasantrén, jeung dina acara-acara anu aya patalina jeung ka Islaman.
Fungsi Pupujian
Minangka seni, pupujian ngabogaan fungsi ekspresi pribadi jeung fungsi sosial. Dumasar hasil panalungtikan, fungsi social pupujian leuwih nonjol dibandingkeun jeung fungsi ekspresi pribadi (Rusyana, 1971:7). Pupujian digunakeun pikeun mangaruhan pikiran, parasaan, jeung kalakuan manusa, di sagigireun pikeun nepikeun ajaran agama. Pupujian mangrupa salah sahiji media atikan, nu eusina ngandung rupa-rupa naséhat jeung pangajaran agama, ku cara diapalkeun.
Papasingan Pupujian
Disawang tina eusi, pupujian téh bisa digolongkeun kana sababaraha golongan, diantarana:
a. Muji ka Gusti Alloh
Contona:
Ya Alloh nu sipat rohman
Ni’matna ngawalatraan
Sadayana kabagian
Ka nu kapir ka nu iman
b. Solawat ka Kangjeng Nabi
Contona:
Rohmat Alloh salam Alloh
Ka Toha utusan Alloh
Rohmat AAlloh salam Alloh
Ka Yasin kakasih Alloh
c. Do’a jeung Tobat ka Pangeran
Contona:
Mugi Gusti ngahampura
Kana dosa jisim abdi
Sareng dosa ibu rama
Dulur muslimat muslimin

d. Pepeling
Contona:
Anak Adam di dunya anjeung ngumbara
Hirup anjeun di dunya téh moal lila

e. Ajaran Agama
Contona:
Pardu wudu aya genep sadayana
Hiji niat kadua ngumbah rarayna
Tiu ngumbah leungeun dua jeung sikuna
Opat ngusap saalit tina sirahna
Lima ngumbah suku dua jeung muncangna
Genep tartib sing puguh runtuyanana
Sedengkeun M.A. Suparman (dina Rosman, 1988) ngabagi pupujian jadi opat, nya éta:
a. nu heubeul muji ka nu heubeul
b. nu heubeul muji ka nu anyar
c. nu anyar muji ka nu heubeul, jeung
d. nu anyar muji ka nu anyar

Pupuh ♥ ♥ ♥

- Pupuh –
Pupuh nya eta rakitan puisi (wangun ugeran) tradisional, anu ka uger ku rupa-rupa patokan boh wangunan boh eusina. Pupuh nya eta puisi anu kauger ku guru lagu, guru wilangan jeung jumlah padalisan dina sapada.
Anu dimaksud guru lagu nya eta sora (vokal) dina engang panungtung unggal padalisan. Sedengkeun guru wilangan nya eta jumlah (reana) engang dina unggal padalisan.
Dina sastra Sunda pupuh teh aya tujuh belas nya eta : Kinanti, Asmarandana, Sinom, Dandanggula, Balakbak, Maskumambang, Ladrang, Pucung, Lambang, Mijil, Durma, Pangkur, Gambuh, Gurisa, Wirangrong, Magatru, jeung Jurudemung. Nu tujuhbelas ka bagi kana dua kelompok nya eta:
1. Sekar ageung (KSAD) nya eta Kiananti, Sinom, Asmarandana, Dangdangula, di sebut sekar ageung lantaran pang seringna di pake dina guguritan.
2. Sekar alit nya eta sesa tina sekar ageung, disebut sekar alit lantaran pupuh ieu langka dipake dina guguritan atawa puisi heubeul liana.
a. Asmarandana
Numutkeun M. A. Salmun (1963) :47) kecap asmarandana teh asalna tina basa Sansekerta “Smara” jeung “dahana” ; smara ( asmara) hartina birahi atawa duriat, dahan hartina seuneu. jadi hartina nya eta seunue birahi. Watek pupuh Asmarandana umumna digunakeun pikeun ngagambarkeun birahi, silih asih atawa nasihat.

Conto pupuh Asmarandaan
Mun ujang nyiar pangarti
Terus sakola ka kota
Sing jadi murid rancage
Bener pinter bari sehat
Mika heman sasama
Asih kanu jadi guru
Gaganti ema jeung bapa

Analisis pupuh diluhur
1) Jumlah padalisan dina sapasang : 7 padalisan
2) Guru wilangan jeung guru lagu
a. Padalisan ka 1 : 8i
b. Padalisan ka 2 : 8a
c. Padalisan ka 3 : 8 e/o
d. Padalisan ka 4 : 8a
e. Padalisan ka 5 : 7a
f. Padalisan ka 6 : 8a
g. Padalisan ka 7 : 8u

3) Watek dina ieu pupuh nya eta piwuruk tawa nasihat, ti hiji kolot kanu jadi anak. Piwuruk eta ka gambar dina padalisan “Sing jadi murid rancage, bener pinter bari sehat, mika heman ka sasama, asih kanu jadi guru.”
b. Dangdanggula
Numutkeun M. A. Salmun (1963 : 47) ngaran dangdanggula tina kecap dangdang, robah jadi dengang hartina kawih. Jadi dangdanggula hartina kawih manis. Pupuh Dangdanggula mindeng digunakeun dina wawacan/guguritan jeung kaasup kana sekar ageung. Watekna kabungah/kaagungan.

Conto pupuh Dangdanggula
Pasosore nyawang Bandung asri
Basa kuring ulin ka Isola
Tidieu ti belah kaler
Tembong di lingkung gunung
Kota kembang bangun nu sepi
Bet teu kapieng sora
Da geus puguh jauh
Langitna kacida lenglan
Estu taya mega bodas aling-aling
Poe ieu bnengras pisan

Analisis pupuh diluhur
1) Jumlah padalisan dina sapasa : 10 padalisan
2) Guru wilangan jeung guru lagu
a. Padalisan ka 1 : 10i
b. Padalisan ka 2 : 10a
c. Padalisan ka 3 : 8 e/o
d. Padalisan ka 4 :7u
e. Padalisan ka 5 : 9i
f. Padalisan ka 6 :7a
g. Padalisan ka 7 : 6u
h. Padalisan ka 8 : 8a
i. Padalisan ka 9 : 12i
j. Padalisan ka 10 :7a
3) Watek pupuh nu kagambar dina eta pu[puh nya eta kaendahan

c. Balakbak
Pupuh Balakbak di[ake pikeun ngagambarkeun pikakaseurieun / lulucon. Guru wilanganana (ngaruntuy) 15,15, 15, engang jeung guru laguna e, e, e. Pupuh Balakbak kaasup sekar alit.

Conto pupuh Balakbak
Aya warung sisi jalan rame pisan , Citameng
Awewena-Awewea luas-luis geulis pisan, ngagoreng
Lalakina-lalakina los ka pipir nyoo monyet, nyanggeren

Analisis pupuh di luhur
1) Jumlah padalisan dina sapada : 3 padalisan
2) Guru wilangan jeung guru lagu :
a. Padalisan ka 1 : 15e/12+3e
b. Padalisan ka 2 : 15e/ 12+3e
c. Padalisan ka 3 : 15e/12+3e
3) Watek Pupuh
Watek dina ieu pupuh nya eta ngagambarkeun warung di sisi jalan anu rame tur aya guguyon ti tukang warungna eta.

Sisindiran

SISINDIRAN

Sisindiran téh asalna tina kecap sindir. Istilah sindir digunakeun ku M.A.Salmun (1963:19,23) pikeun salahsahiji golongan basa janget (plastisita basa) hartina malibirkeun maksud, henteu togmol atawa poksang ceplak Pahang. Sindir, kecap atawa omongan anu hartina henteu sacéréwélna. Sisindiran nya eta kasenian ngareka basa anu diwangun ku cangkang jeung eusi pikeun ngedalkeun maksud anu henteu saceplakna bari dipamrih karesmianana (Salmun, 1958:51).
Sisindiran kaasup wangun sastra lisan Sunda nu kaitung lana. Dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian, nu rengse ditulis dina taun 1518, tina eta naskah kapanggih yen dina mangsa harita oge sisindiran teh geus hirup, kaasupna kana kelompok kawih, kelompok seni sora lain kelompok sastra. Ku kituna, dina Wibisana dkk (2000:431-493), sisindiran kaasup kelompok sastra lagu.
Sisindiran kaasup kana wangun sastra lisan, ku kituna gancang pisan robahna ti waktu ka waktu teh, luyu jeung kahirupan masarakat Sunda nu makena. Salian ti gelar wangun lisan, aya oge sisindiran nu ngahaja ditulis ku urang Sunda, diantarana sisindiran karangan haji Hasan Mustapa.

Wangun Sisindiran
Rarakitan
Rarakitan asal kecapna tina rakit. Ari rakit ngabogaan harti sabage alat patalimarga di cai, biasana dijieun tina awi atawa kai. Puhuna ngahaja sina papak, ngarah alus katempona. Ari tungtungna mah sok recol teu puguh. Nu dimaksud rarakitan dina karya sastra oge hartina meh ngaharib-harib kana harti rakit anu ilahar kapanggih di cai, nya eta mangrupa karangan ugeran anu padalisanana papak di puhuna.
Dina Kamus Istilah Sastra, nurutkeun M.A. salmun (1963:61-62), disebut rarakitan teh pedah awal dina padalisan-padalisan cangkang dipake deui atawa dibaliken deui dina padalisan eusi, nepi ka siga masang ngarakit. R. Satjadibrata (1954) netelakeun dumasar kana dipakena, rarakitan teh nya eta sisindiran anu biasa dikawihkeun ku bodor reog.
Rarakitan, nya eta salah sahiji bangun sisindiran anu mentingkeun papak atawa saruana kecap anu aya dina puhu jajaran cangkang jeung eusi. Salianti eta, antara cangkang jeung eusi teu pada papak di puhuna (mindoan kawit). Salianti eta, antara cangkang jeung eusi teh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungan dina unggal padalisan (laraswekas). Jumlah engangna dina unggal padalisan aya 8 (dalapan) engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep; satengahna cangkang jeung satengahna eusi. Kiwari anu populer teh rarakitan anu sapadana diwangun ku opat padalisan; dua cangkang jeung dua deui eusi.
Disawang tina eusina, rarakitan teh bisa dipasing-pasing deui jadi tilu golongan, nya eta:
1. Rarakitan anu sifatna silih asih.
Contona;
Sapanjang jalan Soreang
Moal weleh diaspalan
Sapanjang tacan kasorang
Moal welwh diakalan

2. Rarakitan anu sifatna piwuruk.
Contona;
Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun urat
Sing getol neangan elmu
Nu guna dunya aherat

3. Rarakitan anu sifatna sesebred (guguyon).
Contona;
Majar maneh cengkeh koneng
Kulit peuteuy dina nyiru
Majar maneh lengkeh koneng
Kulit beuteung mani nambru

Paparikan
Paparikan asal kecapna tina parek, hartina deukeut. Nu dimaksud deukeut di dinya nya eta deukeut sora vokalna, utamana sora vocal dina engang panungtung. Sarua jeung rarakitan, disawang tina eusina paparikan oge bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nya eta:
1. Paparikan anu sifatna silih asih.
Contona;
Pucuk tiwu akar bangban
Amis mata di susukan
Mun rek milu geuwat dangdan
Cimata geura susutan
2. Paparikan anu sifatna silih piwuruk.
Contona;
Ka kulah nyair kapiting
Ngocok lobak bobodasna
Ulah sok liar tipeuting
Osok loba gogodana

3. Paparikan anu sifatna sesebred (guguyon).
Contona;
Poe Saptu poe Kemis
Salasa beuleut-beuleutan
Saha itu muril kumis
Leumpangna eundeuk-eundeukan

Wawangsalan
Wawangsalan nyaeta karangan anu diwangun ku sindir jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna teh tara ditetelakeun. Kudu diteangan tina bagian eusi. Wangsal teh sok murwakanti jeung salahsahiji kecap anu aya dina bagian eusi tea. Umumna eusi wawangsalan teh mangrupa silihasih, cinta batawa birahi.
Nilik kana wangunna, wawangsalan teh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaeta 8 engang.
Conto wawangsalan:
Belut sisit saba darat,
kapiraray siang wengi. (oray)
Wangun sisindiran
Salah sahiji carita nu dibalibirkeun téh nya éta ngaliwatan sindir, aya nu nyebutkeun sindir sampir aya ogé nu nyebutkeun Sisindiran. Ari maksudna mah sarua, sabada jalma nu diajak nyarita disindiran, dipiharep manéhna surti kana naon nu diucapkeun ku nu mere sindiran éta.
Sindir sampir wangunna mangrupa ungkara kalimah. Upamana baé mun aya jalma nu datangna kabeurangan tapi disindiran “Meuni isuk teuing dating téh”.
Beda jeug sindir sampir, wangun sisindiran mah ngahaja diatur sina merenah guru wilanganna jeung guru laguna. Umumna sisindiran diwangun ku opat padalisan. Padalisan kahiji jeung padalisan ka dua mangrupa cangkangna, sarta padalisan katilu jeung padalisan kaopat

DAFTAR PABUKON
Ruhaliah. 2002. Diktat Kuliah Sajarah Sastra Sunda. Ruhaliah: Bandung.
Salmun, M.A. 1958. Kandaga Kasusastraan. Ganaco: Djakarta.
Tamsyah, Budi Rahayu. 1994. Pangajaran sastra Sunda Pikeun SD, SLTP, SMU, jeung Umum. Pustaka Setia: Bandung.
Hadi, Ahmad. 1991. Peperenian (kandaga Unak-anik Rusiah Basa Sunda). Geger Sunten: Bandung.
Iskandarwassid. 1996. Kamuus Istilah Sastra. Geger Sunten: Bandung.
Faturohman, Taufik. 1983. Djatnika: Bandung.
Rusyana, Yus. 1982. Panyungsi Sastra. Gunung larang: Bandung.

Rapat

I. Rapat
Rapat mangrupa hiji kagiatan pikeun ngarengsekeun pasualan nu dianggap penting pikeun dibadamikeun jeung dipatotoskeun ku jalma rea. Aya sawatara hal anu perlu diperhatikeun dina rapat, diantarana:
 Tatahar rapat
 Bubuka rapat, jeung
 Medar materi rapat
Tatahar rapat atawa persiap, diperlukeun saacan kagiatan rapat dilaksanakeun. Sedengkeun anu perlu ditataharkeun nya eta:
 Saha wae nu rek diondang dina rapat
 Naon nu rek dirapatkeun
 Iraha waktuna
 Dimana tempatna
Bubuka rapat, dimaksudkeun pikeun ngawilujengkeun ka nu hadir. Saperti ucapan-ucapan salam anu geus umum dipake, jeung panganteur. Lebah dieu pamingpin rapat nyebutkeun maksud jeung tujuannana.
Medar materi rapat, mangrupa kagiatan saenggeus muka rapat, nya eta ngawincik bahan nu rek dirapatkeun. Wincikan tina topic nu geus ditangtukeun.
Aya sababaraha hal nu perlu diperhatikeun upama rek mingpin rapat, sangkan lumangsung kalawan lancer. Diantarana:
1. Catet materi nu rek dirapatkeun
2. Siapkeun notulen, nya eta tukang nulis hal-hal anu penting dina rapat. Utamana hasil rapat
3. Usahakeun rapat dimimitian saluyu jeung waktu nu geus ditangtukeun
4. Sanggeus sarerea karumpul, langsung buka:
 Ngucapkeun salam
 Ngahaturkeun nuhun ka nu hadir
 Sebutkeun materi/pasualan nu rek dirapatkeun
 Sakira perlu sebutkeun tata-tertib salila rapat
5. Dina waktuna mere kasempetan ka hadirin nyarita, kudu diwatesan boh waktuna, boh jumlahna.
6. Upama aya pananya, jawabanana ulah ngayayay, tapi sing tandes jeung ringkes.
7. Upama geus meunang kacindekan, gancang tutup. Ulah poho ngahaturkeun nuhun ka nu hadir.

Istilah-Istilah

Istilah Patukangan
 Béngkong: tukang nyunatan
 Candoli: awéwé tukang ngatur kadaharan di nu hajat
 Paraji: tukang ngurus jalma anu ngalahirkeun
 Jagal: tukang meuncit sapi atawa munding
 Kabayan: tukang babantu/ditutah-titah
 Kuncén: tukang miara/miara makam, tempat karamat
 Merebot: tukang nakol bedug di masjid
 Modin: tukang adan
 Nayaga: tukang nabeuh gamelan
 Pamatang: tukang moro
 Pamayang: tukang ngala lauk di laut
 Panday: tukang nyieun parabot tina beusi
Istilah waktu
 Balébat: mimiti témbong cahaya panon poé (jam 04.30-05.00)
 Carangcang tihang: wanci liwat pajar (jam 05.00-05.30)
 Haneut moyan: cahya panon poé meujeuhna genah dipaké moyan (08.00-08.30)
 Rumangsang: cahya panon poé geus mimiti karasa panas (jam 09.00-an)
 Pecat sawes: munding anu dipaké pikeun ngagarap sawah geus dibuka tali sawedna (jam 10.00-an)
 Tangangé: wanci tengah poé (jam 12.00)
 Lingsir ngulon: panon poé geus ngésér ka Beulah kulon (jam 12.30-13.00)
 Tunggang gunung: panon poé katénjona aya di luhureun gunung (jam 16.00-17.00)
 Sariak layung: layung di langit geus mimiti ngempur (jam 17.30-18.00)
 Sareupna: wanci magrib (jam 18.00-18.30)
 Sarereuh budak: wanci budak geus saré (jam 20.00)
 Sareureuh kolot: wanci kolot geus saré (jam 22.00)
 Tengah peuting: jam 24.00
 Janari gedé: jam 02.00-03.00
 Janari leutik: jam 03.00-04.00
Istilah Paélmuan
Palintang: élmu palak atawa élmu béntang
Pranata mangsa: élmu ngeunaan usum nu aya kakaitanana jeung tatanén
Undag: élmu wangunan
Kawedukan: élmu ngeunaan kakuatan awak
Tatapraja: élmu pamaréntahan
Kasantikan: élmu perang
Serat kanayagan: élmu ngeunaan laras (musik)
Caturangga: élmu ngeunaan kuda
Paramasastra: élmu ngeunaan basa
- Istilah Olahraga –
 Kiper: salah sahiji posisi pamaén maénbal, tukang ngajaga gawang supaya ulah kaasupan
 Tosser: salah sahiji posisi pamaén voli, tukang méré bal seméseun
 Libéro: salah sahiji posisi pamaén maénbal. Tukang ngajaga serangan musuh
 Free kick: sépakan bébas, hadiah ti wasit, lantaran musuh ngalanggar aturan
 Ténis: salah sahiji cabang olahraga nu ngagunakeun rékét jeung ba;

Parobahan Harti

parobahan harti
Harti dina hiji basa téh mindeng barobah. Aya lima perkara anu jadi panglancar kana robahna harti, nyaéta:
1. Basa mibanda sifat barobah;
2. Dina basa sok aya wangunan samar (vaguaness);
3. Dina basa sok aya wangunan anu mibanda harti (ambigous);
4. Dina basa sok kajadian leungitna dadasar; jeung
5. Ayana struktur léksikal.
Jaba ti éta aya genep faktor panyabab robahna harti, nyaéta faktor: (a) linguistik, (b) sosiologis, (c) psikologis, (d) historis, (e) basa deungeun, jeung (f) pangabutuh kana kecap anyar. Parobahan harti aya sababaraha rupa atawa prosés, kayaning:
a. Ngajembaran (generalisasi)
Ngajembaran nyaéta robahna harti kecap anyar anu ambahanana leuwih jembar batan harti kecap heubeul.
- Bapa harti asalna ‘sesebutan ka salakina indung urang’ ayeuna hartina ngalegaan ‘unggal lalaki kolot tur pantes meunang panghormat’.
b. Ngaheureutan (spesifikasi)
Ngaheureutan nyaéta robahna harti kecap anyar anu ambahanana leuwih heureut batan harti kecap heubeul.
- Sarjana harti asalna ‘jalma nu luhung ku élmu, jembar pangabisa’; ayeuna harti ngaheureutan ‘gelar akademis ti paguron luhur’.
c. Ngaluhuran (ameliorasi)
Ngaluhuran nyaéta robahna harti kecap anyar anu ajénna leuwih luhur batan harti kecap heubeul. Contona:
- Wanita harti asalna ‘sesebutan keur ka sato bikang, robahan tina banita, batina, betina’; ayeuna mah ajénna karasa leuwih luhur batan awéwé.
d. Ngahandapan (pejorasi)
Ngahandapan nyaéta robahna harti kecap anyar anu ajénna leuwih handap batan harti kecap heubeul. Contona:
- Bujang jeung lanjang harti asalna mah ‘sesebutan ka jajaka jeung parawan’; ayeuna mah konotasina karasa leuwih handap nyaéta ‘nu mantu-mantu kana pagawéan rumah tangga; babu’.

Kecap Serepan

I. Kecap Serepan
a. Kecap Serepan tina Basa Indonesia
Umumna urang Sunda téh nggunakeun dua basa (dwibahasawan) dina hirup kumbuh sapopoéna, nyaéta basa Sunda jeung basa Indonesia. Munasabah upama loba kecap-kecap basa Idonesia anu asup kana basa Sunda. Kecap-kecap anu diserep sagemblengna, biasana mangrupa istilah anu euweuh sasaruanana dina basa Sunda.
Kecap-kecap basa Sunda nu mangrupa serepan tina basa Indonesia, diantarana: arus, obat bius, jabatan, jatah, mandiri, rumah sakit, ganjil, perkebunan, perairan, tabungan, persatuan, canggih, pertandingan, penjaga sakola, penyair, percitakan, taun baru, cabang, banjir, liburan, manis, rumah makan, mérah jambu, serah terima, perikanan, nada, ruang tunggu, limbah, perumahan, pembantu, siaran (radio), nyuci (poto), penerbit, jst.

b. Kecap Serepan tina Basa Daérah Séjén
Tatar Sunda kungsi diéréh ku Karajaan Mataram (Islam) kira-kira abad ka-17. Munasabah upama pangaruh basa Jawa téh asup kana basa Sunda. Kecap-kecap basa Sunda nu mangrupa serepan tina basa Jawa, diantarana: kocak, luruh, natus, pamong, pungkas, sima, céték, gabah, pirimis, kangen, lemah, mangkat, pancén, saking, jst.

c. Kecap Serepan tina Basa Asing
Basa asing nu gedé pangaruhna kana basa Sunda ku cara ngabeungharkeun kosa kecapna nyaéta basa Arab, Walanda, jeung Sangsekerta. Tina basa séjén ogé loba, saperti tina basa Kawi, Cina, Portugis, Jepang, Inggris, Spanyol, jeung Prancis. Tapi jumlahna henteu loba cara nu asalna tina tilu basa tadi.
1. Serepan tina Basa Arab
Asupna pangaruh basa Arab kana basa Sunda marng jeung asup sarta mekarna agama Islam di Tatar Sunda. Komo deui umumna urang Sunda ngagem agama Islam. Conto serepan tina basa Arab, di antarana: ahir, akal, batal, gaib, hadiah, hajat, halal, hasil, iblis, kiblat, lahir, mahluk, ajaib, badan, darurat, hidayah, hakim, haram, hilap, ibadah, idin, jubah, kamus, kitab, lisan, makam, maksud, mupakat, pasal, rijki, salat, sukur, malarat, pikir, rahim, saréat, saum, tawakup, jst.
2. Serepan tina Basa Walanda
Sanajana Walanda geus asup ka urang ti awal abad ka-17, tapi meuwuhna pangaruh basa Walanda kana basa Sunda mah dina awal abad ka-20. Éta pangaruh asup sabada loba bangsa urang anu sakola. Conto serepan tina basa Walanda, diantarana: akte, aspal, baki, ban, baud, bohlam, bulao, anduk, bak, balok, bangku, baskom, béngkél, buku, buncis,dasi, dongkrak, émbér, gelas, hélem, kasur, kenék, laci, montir, pas, panik, setir, selang, setrum, dines, duit, elap, elat, erok, got, istal, kelas, kompor, lédeng, modél, peunteun, bor, sekrup, setrip, treuk, jst.
3. Serepan tina Basa Sangsekerta
Dina basa Sunda mah tina basa Sangsekerta téh kawilang loba. Bisa jadi lantaran dina hiji mangsa basa Sangsekerta kungsi jadi basa resmi sawatara karajaan di Tatar Sunda, saperti nu katembong dina prasasti-prasasti. Conto serepan tina basa Sangsekerta, di antarana: agama, angka, asmara, banda, ganda, garuda, guha, jaksa, jiwa, mangsa, méga, murka, naraka, nyata, paripurna, pidana, saksi, upacara, usaha, wacana, aksara, angkasa, budaya, cahaya, gapura, jagat, kuta, mastaka, mitra, nagara, nila, pahala, perkara, sukma, tresna, utama, jasa, jst.
4. Serepan tina Basa Kawi
Dumasar kana Kamus Umum Basa Sunda wedalan LBSS (1981), kecap serepan tina basa Kawi téh, di antarana: angkara, déwangga, doraka, hiang, layu, ménak, sarana, wibawa, daya, hingga, lalu, maya, sekar, wisma, jst.
5. Serepan tina Basa Portugis, diantara: baju, dadu, garpuh, karéta, korsi, méja, bako, bonéka, jandéla, mantéga, pésta, péstol, roda, sapatu, rénda, ronda, onar, jst.
6. Serepan tina Basa Perancis, di antarana: akur, komisi, losmén, medali, supir, karantina, kliseu, kongkur, perangko, sabun, kado, jst.
7. Serepan tina Basa Cina, di antarana: angpaw, cap, cét, emih, kecap, kuéh, loténg, tauco, bapaw, capcay, cingcaw, ginséng, lihay, pécay, moci, siomay, tahu, jst.
8. Serepan tina Basa Inggris, di antarana: bodi, hen, pinalti, serial, pérs, komputer, spiker, mik-ap, fotokopi, tip, terminal, diskét, bodigar, televisi, robot, jst.

- FUNGSI KALIMAH -

Fungsi kalimah
A. Kalimah Wawaran
Kalimah wawaran nyaéta kalimah anu eusina ngawawarkeun méré béja ka nu lian tur miharep résponsi nu mangrupa panitén wungkul. Dina basa tulisan biasa ditungtungan ku peun (.), ari dina basa lisan boga lentong.
contona: Manéhna keur indit ka Jakarta. Sumuhun, leres ieu bumina Wa Haji mah.
B. Kalimah Pananya
Kalimah pananya nyaéta kalimah anu eusina nanyakeun hiji perkara ka jalma lian sarta miharep résponsi nu mangrupa jawaban. Dina basa tulisan ditungtungan ku tanda pananya (?), ari dina lisan boga lentong.
contona: Manéhna téh mahasiswa UPI Bandung? Dimana meuli buku téh?
C. Kalimah Paréntah
Kalimah paréntah nyaéta kalimah anu eusina pikeun maréntah batur sangkan milampah pagawéan, atawa miharep résponsi nu mangrupa tindakan. Sina basa tulisan sok ditungtungan ku tanda panyeluk (!), ari dina basa lisan mibanda lentong.
Aya rupa-rupa kalimah paréntah kayaning:
1. Kalimah Panitah nyaéta kalimah anu dipaké pikeun nitah batur sangkan ngalakukeun hiji hal. Contona: Punten pangmésérkeun cai!
2. Kalimah pangajak nyaéta kalimah anu dipaké pikeun ngajak jalma lian ngarah digawé babarngan. Contona: mangga atuh urang tuang heula!
3. Kalimah pangharepan nyaéta kalimah anu eusina ngébréhkeun harepan lumangsungna peristiwa. Contona: muga-muga baé baé kuring jadi munggah haji taun ayeuna!
4. Kalimah panyaram/panyarék nyaéta kalimah anu eusina pikeun nyarék jalma lian sangkan ulah migawé pagawéan. Contona: Ulah garelut waé atuh!
5. Kalimah pangwawadi nyaéta kalimah anu eusina nganjurkeun atawa ngawawadian jalma lian sangkan ulah migawé pagawéan. Contona: saéna mah pami badé mondok lapor heula ka !
6. Kalimah pangjurung nyaéta kalimah anu eusina ngajurungkeun jalma pikeun migawé pagawéan. Contona: geuwat atuh bisi kaburu hujan!
D. Kalimah Panyeluk
Kalimah panyeluk (Interjéksi) nyaéta kalimah anu eusina ngébréhkeun rasa (émosi) panyaturna, upamana waé rasa gumbira, nalangsa, kagét, geuleuh, reueus, jst. Dina basa tulisan sok ditungtungan ku tanda panyeluk (!)
Nilik kana adegan internalna, kalimah panyeluk aya sababaraha rupa.
a. Kalimah Salam nyaéta kalimah anu wangunna matok, biasana dipaké waktu tepung jeung jalma lian, boh ngamimitian boh mungkaskeun omongan. Contona:
- Wilujeng énjing!
- Assalamualaikum!
b. Kalimah Panggentra (vokatif) nyaéta kalimah panyeluk nu diwangun ku nyebut ngaran, gelar, sesbutan, atawa pangkat geusan manggil atawa ngagentraan jalma lian. Contona:
- Asép!
- Pa Guru!
- Béca!
c. Kalimah Anteuran nyaéta kalimah panyeluk anu ngébréhkeun rasa panyatur, biasana tumali jeung kanyeri, kareueus, kakeuheul, antusiasme, jst. Contona:
- Aduh!, Euleuh!, Asyik!

NOVEL

NOVEL

Wangenan Novel
Kecap Novel asalna tina basa latén. Asal kecapna nyaéta novus nu hartina anyar, robah jadi novellus, tuluy robah deui jadi novel. Pangna disebut anyar lantaran dina kasusastraan Barat wangun novel leuwih pandeuri ayana batan wangun roman (Sumarsono, 1996:2).
Sakapeung istilah novel jeung roman dina sastra Sunda téh sok matak ngabingungkeun, saolah-olah dina sastra Sunda aya karangan nu disebut novel jeung aya karangan nu disebut roman. Hal ieu téh lain dina sastra Sunda waé, tapi ogé dina sastra Indonesia. Sakapeung ieu dua istilah téh sok nimbulkeun pabeulit harti. Ieu dya istilah téh kabéh ogé asalna ti nagri deungeun, nya éta Inggris. Istilah roman téh aya bédana. Éta hal ditétélakeun ku Clara Reeve dina Rene Wellek jeung Austin Warren saperti dihandap ieu :
“Teh novel is a ficture of real lifer and manner, and or teh time in wich it is writen. Teh romance, in lofty and elevated language, deskribes what happened nor is likely happen.”
”Novel merupakan gambaran kehidupan dan kebiasaan-kebiasaan yang nyata pada masa novel itu ditulis . roman, dengan bahasanya yang agung dan diagungkan, menggambarkan kehidupan yang tidak akan pernah terjadi.” (Budiaanta,1990 : 128).
Dumasar kana katerangan diluhur, nu ngabédakeun roman jeung novel téh nya éta novel mah ngagambarkeun kahirupan manusa sapopoé nu eusina (caritaan) leuwih réalistis, ari roman mah ngagambarkeun kajadian ahéng tur luar biasa, jeung dina eusina leubeut ku hal-hal nu sifatna imajinatif.
Dina sastra Sunda jeung sastra Indonesia mah istilah novel jeung roman téh dianggap sarua. Ieu hal saluyu jeung pamadegan jakob Sumardjo (1991:2) nu nétélakeun yén novel jeung roman téh saenyana mah éta-éta kénéh. Patali jeung hal nu kasebut diluhur, najan hartina sarua istilah nu rék dipilih téh novél. Hal ieu téh sangkan teu timbul pabeulit harti.
Sangkan écés ieu dihandap aya sababaraha pamadegan ngeunaan novél upamana:
a. Iskandarwassid (1992: 91) nyebutkeun novel nya éta prosés rékaan (fiksi) nu naratif (ngawuhud lalakon) umumna panjang sarta galur caritana atawa plot na kompleks (ngaran cabang).
b. Jakob Sumardjo jeung Saini K.M. (1996: 29) nyebutkeun:
“ Dalam arti yang luas novel adalah cerita berbentuk prosa dalam arti yang luas. Ukuran yang luas disini dapat berarti cerita dengan plot (alur) yang kompleks, karakter yang banyak, tema ynag kompleks, dan suasana yang beragam pula. Namun ukuran yang luas disini juga tidak mutlak demikian, mungkin ukuran yang luas hanya salah satu ansur fisiknya saja, misalnya temanya, sedang karakter, setting, dan lain-lainya hanya satu saja.
c. Tatang Sumarsono (1986: 63) nyebutkeun novel téh nya éta karangan fiksi anu ngagambarkeun kahirupan manusa sapopoé jalan caritana, loba bagian bagianna tapi angger gumulung dina hiji leunjeuran, dina eusi caritana digambarjeun watek para palaku, suasan, waktu, jeung tempat lumangsungna kajadian (carita).
d. Taufik Faturrahman (1983: 49) nyebutkeun novel nyaéta carita rékaan anu panjang, ditulisna dina basa lancaran, eusina ngagambarkeun kahirupan manusa anu lumangsung dina waktu jeung tempat anu dumuk.
e. Jakob Sumardjo (1981: 22) nyebutkeun yén novel téh diwengku ku ayan hiji carita poko sarta ditambah ayan sababaraha carita panglengkep, palakuna loba, ogé loba pasualanana. Tapi gumulung dina hiji leunjeuran.
f. Yus Rusyana (1981: 125) nyebutkeun yén novel téh carita nu panjang dina wangun lancaran, jalan caritana loba bagian- bagianana. Kitu deui palakuna loba. Atuh mangsa anu kacaturna ogé lila. Dina novel mah langka aya hal anu pamohalan. Palaku, jalan carita, tempat jeung waktu kajadian téh kaayaanana bisa katarima ku akal.
g. Nurutkeun “ The American College Dictonary” (1980: 830) nu dicutat ku Tarigan (1985:164) ditétélakeun yén “ Novel adalah suatu cerita fiktif, dalam panjang yang tertentu, yang melukiskan para tokoh, gerak, serta adgan kehidupan nyat yang representatif dalam suatu alur atau suatu keadaan yang agak kacau atau kusut”.
Dumasar tina sababaraha pamadegan diluhur, katangén yén teu sakabéh unsurna novel ngarancabang(kompleks), hal ieu katangén diluhur nurutkeun Jakob Sumaedjo jeung Saini K.M.
Nurutkeun Tarigan (1985: 165) biasana legana ukuran novel bisa ditilik tina jumlah kecapna. Hiji novel biasana jumlah kecapna paling saeutik 35.000 kecap, atawa 100 kaca, atawa leuwih kurang 2 jameun upama dibaca.

Unsur Intrinsik novel
Unsur-unsur anu aya di jero novel
Tema
Iskandarwassid (1992: 158) nyebutkeun anu disebut téma téh nya éta hiji tangtungan atawa hiji ageman anu sifatna abstrak, dipageuhan dian racikan karangan rékaan pikeun ngayakinkeun nu maca, bisa jadi ku pangarang ditembrakeun (ditulis) tapi mimindengna mah implisit.
Saterusna, Aminuddin (1991: 91) nétélakuen, “Tema adalah ide yang mendasari suatu cerita sehingga berperanan juga sebagai pangkal tolak dalam memaparkan karya fiksi yang diciptakannya.”
Pangarang dina nulis hiji karya sastra mibanda tujuan pikeun hal ka nu maca, lain ngan ukur nyarita. Nu dicaritakeun téh bisa mangrupa pasualan kahirupan jeung sawangan kana éta pasualan.
Téma mangrupa unsur penting lantaran bisa nunjukkeun pasualan nu rék nepikeun ku pangarang dina éta karyana. Tema anu dipilih bisa ngeunaan tangtungan hirup, ajaran agama, adat istiadat, ajaran moral, jeung sajabana.
Nurutkeun William Henry Hudson (Esten, 1990: 22), téma nu hadé nya éta hiji téma kudu hiji pasualan manusa anu lega tur leleb sarta bener-bener karasa jeung ditarima salaku pasualan kamanusaan.
Jadi, cindekna nu disebut téma téh nya éta anu jadi jejer utama atawa ide utama pamikiran pangarang anu timbul tina pasulan hirup.
Latar (setting)
Latar atawa setting nya éta gambaran waktu, kaayaan pajamanan, patempatan, lingkungan, suasana, jeung saterusna nu ngalantarankeun kajadian carita. Tegesna mangrupa salah sahiji dina adegan karangan. Merenah henteuna milih latar jeung ngadeskripsikeunana milu nangtukeun ajén karangan (Iskandarwassid, 1992: 75).

Amanat
Pesen anu nyangkaruk dina hiji carita nu haying ditepikeun panulis kanu maca. Unggal carita, pasti pangarang mibanda maksud atawa hal-hal anu hyng ditepikeun ka nu maca, éta maksud pangarang téh mangrupa amanat. Amanat aya anu langsung nembrak karasa ku nu maca, aya anu dibalibirkeun henteu togmol. Amanat biasana nepikeun hiji ajaran moral, atawa pesen sangkan masarakat robah kaayaanana, boh kahirupan fisikna boh kahirupan batinna atawa rohanina.
Galur/ plot
Runtuyan kajadian atawa kagiatan nu aya dina hiji carita
pangarang ngamiitian carita ngaliwatan hiji kajadian anu matak panasaran atawa nimbulkeun pananya, atawa suspense. Atawa mungkin baé henteu, Sanggeus kitu maju kana klimaks, sarta ahirna nepi karéngséna masalah.
Palaku/tokoh
Palaku/ tokoh anu ngalalakon
Wangun Ekstrinsik
Sudut pandang pangarang
Sudut pandang nu maca
Asupna novel kana sastra Sunda teh mangrupa pangaruh sastra Barat, utamana Walanda. Novel munggaran dina sastra Sunda nyaeta Baruang ka nu Ngarora karangan Daeng Kanduruan Ardiwinata (D.K> Ardiwinata), terbit taun 1914. Upama dibandingkeun jeung novel munggaran dina sastra Indonesia, Azab dan Sengsara karangan Merari Siregar, anu terbit taun 1920, leuwih ti heula genep taun. Jadi kurang merenah upama novel dina sastra Sunda teh mangrupa pangaruh tina sastra Indonesia.

Papasingan Novel
1. Novel Barudak
Novel barudak nyaeta novel anu diajangkeun pikeun bacaeun barudak. Masalah anu dicaritakeunana, masalah-masalah anu raket patalina jeung kahirupan barudak. Kitu deui dina cara nyanghareupan jeung ngarengsekeun eta masalah, luyu jeung pikiran katut jiwa barudak. Palaku utamana oge barudak deuih.
Novel barudak jeung pangarangna dina sastra Sunda, di antarana:
a. Samsudi: Budak Teuneung, Budak Minggat
b. Tatang Sumarsono: Miang jeung Kaludeung, Si Paser
c. Hidayat Soesanto: Guha Karang Legok Pari, Bima Rengkung
d. Ahmad Bakri: Nu Sengit Dipulang Asih
2. Novel Rumaja
Novel rumaja nyaeta novel anu eusina nyaritakeun masalah-masalah rumaja. Kitu deui palaku utamana oge pararumaja. Sawatara conto novel rumaja nyaeta Cinta Pabeulit karangan Eddy D. Iskandar, Rini karangan Yoseph Iskandar, Lalangse karangan Aam Amilia.
3. Novel Dewasa
Novel dewasa, tangtu bae diajangkeun pikeun bacaeun anu geus dewasa (sawawa). Eusina nyaritakeun masalah-masalah jalma anu geus dewasa. Kitu deui jeung palaku utamana. Conto novel dewasa Rusiah nu Goreng Patut beunang Yuhana jeung Sukria.
Dumasar kana temana jeung masalah anu dicaritakeunana, novel Sunda bisa dipasing-pasing jadi:
1. Novel Silihasih
Novel silihasih nyaeta novel anu eusina nyaritakeun cinta asmara palaku utamana. Contona: Lain Eta karangan Moh. Ambri, Cinta Pabaliut karangan Eddy D. Iskandar, Lalangse karangan Aam Amilia, Manehna karangan Syarif Amin.
2. Novel Kulawarga
Novel rumah tangga nyaeta novel anu eusina nyaritakeun masalah kulawarga palaku utamana. Contona: Pipisahan karangan R.A.F., Puputon karangan Aam Amilia.
3. Novel Sosial
Novel sosial nyaeta novel anu eusina nyoko kana masalah sosial, saperti kateuadilan, kateureugeujeungan, atawa gejolak sosial dina hiji mangsa. SI palaku bisa jadi mangrupa subyek, korban, atawa saksi eta kaayaan. Contona: Lembur Singkur karangan Abdullah Mustappa.
4. Novel Misteri
Novel misteri nyaeta anu eusina nyaritakeun hal-hal anu ngandung rusiah, anu biasana kabuka dina bagian ahir eta novel. Upamana bae nyaritakeun neangan palaku rajapati atawa palaku kajahatan sejenna. Contona: Laleur Bodas karangan Samsu (Sambas jeung Susangka), Si Bedog Panjang karangan Ki Umbara.
5. Novel Sajarah
Novel sajarah nyaeta novel anu eusina ngandung unsur-unsur sajarah. Boh palaku utamana boh kajadianana nyoko kana sajarah. Contona: Pangeran Kornel jeung Mantri Jero karangan R. Memed Sastrahadiprawira.
6. Novel Jiwa
Novel jiwa nyaeta novel anu eusina nyaritakeun hal-hal anu patali jeung jiwa palaku utamana. Contona: Arca beunang Ningtun Julaeha.

♥ DONGENG ♥

I. Dongeng
Dongeng nyaeta carita rekaan anu mere kesan pamohalan tur ukuranana parondok. Kesan pamohalan dina dongeng upamana wae aya sasatoan bisa nyarita kawas jelema (saperti dongeng “Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet), aya parahu jadi gunung (“Sasakala Tangkuban Parahu”), jelema jadi maung (“Sasakala Maung Panjalu”), jeung sajabana.
Eusi dongeng umumna ngandung atikan moral. Upamana bae jalma bener tangtu meunang pahala, jalma salah tangtu bakal meunang siksaan atawa cilaka; supaya maksudna tinekanan kudu ngagunakeun akal; atawa kudu hirup sauyunan ambeh repeh-rapih.
Dongeng teh karya balarea, hartina tara kanyahoan saha anu ngarangna. Sumebarna sacara lisan, dongeng didongengkeun deui. Munasabah upama aya hiji dongeng mibanda rupa-rupa versi.
Papasingan Dongeng
Dumasar kana eusina, dongeng teh bisa dipasing-pasing jadi sababaraha golongan, nyaeta (1) dongeng sasatoan; (2) dongeng sasakala; (3) dongeng babad; (4) dongeng jelema biasa; (5) dongeng paranabi/wali; (6) dongeng pieunteungan; (7) dongeng pamuk.
Fabel
Dongeng sasatoan (fabel) nyaeta dongeng anu palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upamana bae bisa nyarita jeung ngagunakeun akal pikiran. Contona: dongeng sakadang kuya jeung sakadang monyet.
Parabel
Dongeng kahirupan jalma biasa (parable) nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun jalma biasa. Contona dongeng-dongeng Si Kabayan.
Babad/Sage
Dongeng babad (sage) nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsure sajarah. Contona: babad Cirebon, dongeng Syeh Abdul Muhyi.
Sasakala/legenda
Dongeng sasakala (legenda) nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun asal-muasalna kajadian hiji tempat, barang, sasatoan atawa tutuwuhan. Contona: sasakala maung panjalu.
Mite
Carita paranabi/wali kaasup kana mite nyaeta carita anu eusina patali jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembutan atawa hal-hal anu gaib. Contona: dongeng nyi roro ki dul.
Pamuk
Dongeng pamuk nyaeta dongeng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasakten hiji jalma, tur biasana aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah. Contona: pangeran kornel.
Dongeng Pieunteungeun
Dongeng pieunteungeun didieu nyaeta dongeng anu eusina mangrupa tuladan pikeun manusa. Bisa dongeng sasatoan, dongeng jalma biasa, jeung sajabana.
Upama ngadongéng, aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun, nya éta:
1. Lafal
Lafalna kudu béntés, jelas kadéngéna sarta tétéla ucapanana.
2. Lentong
Lentongna kudu merenah. Iraha lentongna kudu turun jeung kudu naék.

3. Pasang peta
Pasang peta ngawengku paroman (mimic) jeung gerak-gerik (gestur) waktu ngadongéng. Paroman kudu luyu jeung dongéng anu keur dicaritakeun.

Rabu, 29 September 2010

PANCEN KELAS X & KELAS XI

Rebo, 29 Séptémber 2010
Pancén Kelas XI
1. Lakukeun wawancara jeung jalma nu aya di sabudeureun sakola hidep (Ketua Osis, Pembina/Pelatih Ekstra kurikulér, Ibu Kantin, Pupuhu Sakola, Guru, Satpam, Tata Usaha (TU), Pesuruh jeung sajabana) tapi saacan ngalakukeun wawancara, tangtukeun heula saha nu rék diwawancara jeung jieun heula patalékan nu rék ditanyakeun.
Nu rék diwawancara: …………………………………………
Patalékan-patalékan nu rek ditanyakeun
a. …………………………………………..
b. …………………………………………..
c. …………………………………………..
d. …………………………………………..
e. ………………………………………….., jsb
Tulis hasil wawancara nu geus dilakukeun!
2. Larapkeun kana kalimah istilah waktu di handap ieu!
a. Haneut moyan
b. Tunggara gunung
c. Tangangé
d. Balébat
3. Larapkeun kana kalimah istilah paélmuan di handap ieu!
a. Tatapraja
b. Palintang
c. Caturangga
d. Pranata mangsa

Pancén Kelas X
1. Caritakeun deui ngeunaan dongéng Santri Bodo jeung carita Perang Bubat maké basa hidep!
2. Ngaso, ari, bagéa, jeung angel ka asup kana basa?
3. Jieun kaimah tina kecap-kecap di luhur (ngaso, ari, bagéa, jeung angel)
4. Pa punten bade……. dupi …….. Pa Guru Déa palih mana?
Kecap nu pas pikeun kalimah di luhur nya éta?
5. Bu, punten, kamari abdi teu tiasa…….. (sumping/dongkap/datang) da ieu nuju nyeri…….(beuteung/patuangan/padaharan)

- MANTRA -

MANTRA
Mantra ka asup kana wangun puisi (wangun ugeran) bebas. Eusi mantra anu dianggap ngandung kakuatan gaib teh dipapatkeun ku nu boga maksud hayang meruhkeun nu sejen atawa nanjeurkeun kakuatan jeung komara pribadi. Hal-hal anu kudu di pigawe sangkan mantra teu cambal disebutna pameuli, saperti puasa, mati geni, tatapa, tirakat, ngisat diri, jsb.
Rosidi, 1995 : “Mantra sok dimuat dina majalah, timimiti Poesaka Soenda (1920-an) nepi ka kiwari”.
Tujuan digunakeuna mantra diantarana pikeun kasalametan/kamaslahatan (ngubaran nu gering), pikeun ngawasa sukma nu lian, sangkan diri pinunjul, sangkan padamikaasih, sangkan bedas, salamet gede sima, ludengan nyinglar, jeung ngariksa.
Dina KUBS mah, mantra teh hartina jampe.
Numutkeun sawatara ahli, mantra teh gumelarna dina mangsa animism/dinamisme, raket patalina jeung kapercayaan urang Sunda alam harita. Dina kamekaranana, kapangaruhan ku ageman urang Sunda sapandeurieunana. Hal eta kapanggih dina sawatara mantra anu ngagunakeun kekecapan tina basa Arab. Bisa jadi mangrupa bukti, sanajan urang Sunda geus ngagem agama Islam, tapi henteu ngaleupaskeun sagemblengna kapercayaan warisan karuhun.
Klasifikasi Mantra (Rusyana) :
 Asihan
 Jangjawokan
 Ajian
 Singlar
 Rajah
 Jampe
Asihan nya eta mantra nu dipake pikeun ngawasa atawa mangaruhan sukma nu lian, nu dipikacinta supaya bogoheun, jeung nu mapatkeunana pinunjul kakasepanana atawa kageulisanana nepi ka pada mikaasih (Rusyana, 1970)
Conto : Asihan si burung pundung
Asihan aing si burung pundung
Maung pundung datang amum
Badak galak datang depa
Oray laki datang numpi
Burung pundung burung cidra ku karunya
Malik wales malik asih ka awaking
Jangjawokan nya eta mantra nu dipake pikeun atawa rek milampah hiji pagawean. Tujuanana sangkan pinunjul hasilna, tur nu ngalampahkeunana aya dina kasalametan atawa karahayuan (Rusyana, 1970)
Conto : Paranti seuri
Puruluk buruy tina huntu
Paralak bay tina letah
Seukeut seuri tajem pantes
Pret mayang pret solasih
Ret nu hayang ret nu asih
asih ka seuri awaking
Si semar hah-hah-hah-hah
Si semar hih-hih-hih-hih
Si semar angguletik angguliyeng
(Rosidi, 1995)
Ajian nya eta mantra nu dipake pikeun meunangkeun kakuatan pribadi. Misalna sangkan ludeungan, bedas, awet ngora, jsb. Atawa pikeun ngajaga lembur, raja kaya, pepelakan, ingon-ingon, jsb. Salianti pikeun ngajaga diri oge, ajian sakapeung diparuhit ku tukang teluh (Rusyana, 1970).
Conto : Ajian pikeun kabedasan
Dampal suku ngabatu datar
Bitis batu wilis
Nyurup ka badanna
Nyurup ka sungsumna
Getih sabadan
Bulu sabadan
Bedas ngala ka aki
Bismillah
(Sumarsono,1983)
Singlar dipake pikeun nyinglarkeun gangguan jurig, kuntilanak, leleembut, musuh, sasatoan nu galak, jeung nu ngaganggumanusa (Rusyana, 1970). Tujuanana sangkan meunang karahayuan jeung tujuan sejenna nu hade.
Conto : Singlar ka musuh
Curulung cai ti magung
Barabat ti awang-awang
Cai tiis tanpa bisi
Mun deuk nyatru ka si itu
Mun deuk hala ka si eta
Anaking palias teuing
Rajah nya eta mantra nu dipake upama rek ngambah leuweung anu sanget, muka pihumaeun, nyieun babakan, nalukeun siluman-siluman, ngaruat, jsb (Rusyana, 1970). Salain eta, rajah mangrupa bubuka dina carita pantun, aya rajah bubuka jeung rajah panutup (pamunah).
Conto : Rajah muka pihumaeun
Bismillahirrohmaanirrohim
Nyi usuk-usuk bumi
Aki usuk-usuk bumi
Manyusup bumi pakuan
Sri angko wulu tumpuh timur tatar wetan
Nya di dieu lemah putih pipareeun
Sri bangbang sri bujang ka kidul
Istan istan
Jampe nya eta mantra nu dipake paranti nyageurkeun kasakit jeung kacilakaan, upama kabeureuyan, jengkoleun, jsb (Rusyana, 1970)
Conto : jampe dicoco kala
Kalaka kaliki
Kala lumpat ka sisi cai
Aing nyaho ngarran sia
Ngaran sia kuli kai
Tawa tawe
Ditawa ku sang indung putih
Tiis tipeuting waas tibeurang
Paripurna hurip waras
Bahan bacaan :
 Rosidi, ajip. 1995. Puisi Sunda Jilid 1.Bandung: Geger Sunten.
 Rusyana, Yus. 1970. Bagbagan Puisi Mantra Sunda. Bandung: Proyek Penelitian Pantun jeung Foklor Sunda.
 Rusyana, Yus. 1980. Panyungsi Sastra. Bandung : Gunung Larang.
 Salmun, M.A. 1963. Kandaga Kasusastraan Sunda. Bandung-jakarta: Ganaco N.V.
 Samsudin. 1989. Model Pangajaran Mantra di SPG pasundan Bandung (skripsi). Jurusan Pendidikan Bahasa Daeerah FPBS IKIP Bandung.
 Suryani, Dra. Eliis. 1999. Mantra Dalam Naskah Sunda. Jurusan Pendidikan Sastra Sunda UNPAD.
 Sumarsono, tatang. 1984. Pedaran Sastra Sunda. Bandung: Medal Agung.

- MANTRA -

KECAP SEREPAN
a. Kecap Serepan tina Basa Indonesia
Umumna urang Sunda téh nggunakeun dua basa (dwibahasawan) dina hirup kumbuh sapopoéna, nyaéta basa Sunda jeung basa Indonesia. Munasabah upama loba kecap-kecap basa Idonesia anu asup kana basa Sunda. Kecap-kecap anu diserep sagemblengna, biasana mangrupa istilah anu euweuh sasaruanana dina basa Sunda.
Kecap-kecap basa Sunda nu mangrupa serepan tina basa Indonesia, diantarana: arus, obat bius, jabatan, jatah, mandiri, rumah sakit, ganjil, perkebunan, perairan, tabungan, persatuan, canggih, pertandingan, penjaga sakola, penyair, percitakan, taun baru, cabang, banjir, liburan, manis, rumah makan, mérah jambu, serah terima, perikanan, nada, ruang tunggu, limbah, perumahan, pembantu, siaran (radio), nyuci (poto), penerbit, jst.
b. Kecap Serepan tina Basa Daérah Séjén
Tatar Sunda kungsi diéréh ku Karajaan Mataram (Islam) kira-kira abad ka-17. Munasabah upama pangaruh basa Jawa téh asup kana basa Sunda. Kecap-kecap basa Sunda nu mangrupa serepan tina basa Jawa, diantarana: kocak, luruh, natus, pamong, pungkas, sima, céték, gabah, pirimis, kangen, lemah, mangkat, pancén, saking, jst.
c. Kecap Serepan tina Basa Asing
Basa asing nu gedé pangaruhna kana basa Sunda ku cara ngabeungharkeun kosa kecapna nyaéta basa Arab, Walanda, jeung Sangsekerta. Tina basa séjén ogé loba, saperti tina basa Kawi, Cina, Portugis, Jepang, Inggris, Spanyol, jeung Prancis. Tapi jumlahna henteu loba cara nu asalna tina tilu basa tadi.
1. Serepan tina Basa Arab
Asupna pangaruh basa Arab kana basa Sunda marng jeung asup sarta mekarna agama Islam di Tatar Sunda. Komo deui umumna urang Sunda ngagem agama Islam. Conto serepan tina basa Arab, di antarana: ahir, akal, batal, gaib, hadiah, hajat, halal, hasil, iblis, kiblat, lahir, mahluk, ajaib, badan, darurat, hidayah, hakim, haram, hilap, ibadah, idin, jubah, kamus, kitab, lisan, makam, maksud, mupakat, pasal, rijki, salat, sukur, malarat, pikir, rahim, saréat, saum, tawakup, jst.
2. Serepan tina Basa Walanda
Sanajana Walanda geus asup ka urang ti awal abad ka-17, tapi meuwuhna pangaruh basa Walanda kana basa Sunda mah dina awal abad ka-20. Éta pangaruh asup sabada loba bangsa urang anu sakola. Conto serepan tina basa Walanda, diantarana: akte, aspal, baki, ban, baud, bohlam, bulao, anduk, bak, balok, bangku, baskom, béngkél, buku, buncis,dasi, dongkrak, émbér, gelas, hélem, kasur, kenék, laci, montir, pas, panik, setir, selang, setrum, dines, duit, elap, elat, erok, got, istal, kelas, kompor, lédeng, modél, peunteun, bor, sekrup, setrip, treuk, jst.
3. Serepan tina Basa Sangsekerta
Dina basa Sunda mah tina basa Sangsekerta téh kawilang loba. Bisa jadi lantaran dina hiji mangsa basa Sangsekerta kungsi jadi basa resmi sawatara karajaan di Tatar Sunda, saperti nu katembong dina prasasti-prasasti. Conto serepan tina basa Sangsekerta, di antarana: agama, angka, asmara, banda, ganda, garuda, guha, jaksa, jiwa, mangsa, méga, murka, naraka, nyata, paripurna, pidana, saksi, upacara, usaha, wacana, aksara, angkasa, budaya, cahaya, gapura, jagat, kuta, mastaka, mitra, nagara, nila, pahala, perkara, sukma, tresna, utama, jasa, jst.
4. Serepan tina Basa Kawi
Dumasar kana Kamus Umum Basa Sunda wedalan LBSS (1981), kecap serepan tina basa Kawi téh, di antarana: angkara, déwangga, doraka, hiang, layu, ménak, sarana, wibawa, daya, hingga, lalu, maya, sekar, wisma, jst.
5. Serepan tina Basa Portugis, diantara: baju, dadu, garpuh, karéta, korsi, méja, bako, bonéka, jandéla, mantéga, pésta, péstol, roda, sapatu, rénda, ronda, onar, jst.
6. Serepan tina Basa Perancis, di antarana: akur, komisi, losmén, medali, supir, karantina, kliseu, kongkur, perangko, sabun, kado, jst.
7. Serepan tina Basa Cina, di antarana: angpaw, cap, cét, emih, kecap, kuéh, loténg, tauco, bapaw, capcay, cingcaw, ginséng, lihay, pécay, moci, siomay, tahu, jst.
8. Serepan tina Basa Inggris, di antarana: bodi, hen, pinalti, serial, pérs, komputer, spiker, mik-ap, fotokopi, tip, terminal, diskét, bodigar, televisi, robot, jst.

kecap serepan

BAHAN AJAR

I. Ngaregepkeun siaran Radio/TV
Ngaregepkeun siaran berita atawa tv mangrupa kagiatan pikeun ngaregepkeun hiji wangkongan berita atawa naon wae, pikeun dipaham ku pangregep.
Dina ngaregepkeun siaran radio/tv, aya sawatara hal anu kudu dilakukeun. Diantarana nya éta: ngaregepkeun, dicatet, ditalungtik, méré koméntar, dilaporkeun.
Hal-hal anu perlu aya dina laporan hasil ngaregepkeun radio/tv, diantarana:
 Titi mangsa
 Acara jeung Sumber (radio/tv)
 Panumbu catur
 Tema
 Eusi
 Koméntar (ngeunaan basana, eusi, jsb)

II. Dongeng
Dongeng nyaeta carita rekaan anu mere kesan pamohalan tur ukuranana parondok. Kesan pamohalan dina dongeng upamana wae aya sasatoan bisa nyarita kawas jelema (saperti dongeng “Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet), aya parahu jadi gunung (“Sasakala Tangkuban Parahu”), jelema jadi maung (“Sasakala Maung Panjalu”), jeung sajabana.
Eusi dongeng umumna ngandung atikan moral. Upamana bae jalma bener tangtu meunang pahala, jalma salah tangtu bakal meunang siksaan atawa cilaka; supaya maksudna tinekanan kudu ngagunakeun akal; atawa kudu hirup sauyunan ambeh repeh-rapih.
Dongeng teh karya balarea, hartina tara kanyahoan saha anu ngarangna. Sumebarna sacara lisan, dongeng didongengkeun deui. Munasabah upama aya hiji dongeng mibanda rupa-rupa versi.
Papasingan Dongeng
Dumasar kana eusina, dongeng teh bisa dipasing-pasing jadi sababaraha golongan, nyaeta (1) dongeng sasatoan; (2) dongeng sasakala; (3) dongeng babad; (4) dongeng jelema biasa; (5) dongeng paranabi/wali; (6) dongeng pieunteungan; (7) dongeng pamuk.
Fabel
Dongeng sasatoan (fabel) nyaeta dongeng anu palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upamana bae bisa nyarita jeung ngagunakeun akal pikiran. Contona: dongeng sakadang kuya jeung sakadang monyet.
Parabel
Dongeng kahirupan jalma biasa (parable) nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun jalma biasa. Contona dongeng-dongeng Si Kabayan.
Babad/Sage
Dongeng babad (sage) nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsure sajarah. Contona: babad Cirebon, dongeng Syeh Abdul Muhyi.
Sasakala/legenda
Dongeng sasakala (legenda) nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun asal-muasalna kajadian hiji tempat, barang, sasatoan atawa tutuwuhan. Contona: sasakala maung panjalu.
Mite
Carita paranabi/wali kaasup kana mite nyaeta carita anu eusina patali jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembutan atawa hal-hal anu gaib. Contona: dongeng nyi roro ki dul.
Pamuk
Dongeng pamuk nyaeta dongeng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasakten hiji jalma, tur biasana aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah. Contona: pangeran kornel.
Dongeng Pieunteungeun
Dongeng pieunteungeun didieu nyaeta dongeng anu eusina mangrupa tuladan pikeun manusa. Bisa dongeng sasatoan, dongeng jalma biasa, jeung sajabana.

III. Carita Babad
Babad/Sage
Dongeng babad (sage) nyaeta dongeng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsure sajarah. Contona: babad Cirebon, dongeng Syeh Abdul Muhyi.
- Pupuh –
Pupuh nya eta rakitan puisi (wangun ugeran) tradisional, anu ka uger ku rupa-rupa patokan boh wangunan boh eusina. Pupuh nya eta puisi anu kauger ku guru lagu, guru wilangan jeung jumlah padalisan dina sapada.
Anu dimaksud guru lagu nya eta sora (vokal) dina engang panungtung unggal padalisan. Sedengkeun guru wilangan nya eta jumlah (reana) engang dina unggal padalisan.
Dina sastra Sunda pupuh teh aya tujuh belas nya eta : Kinanti, Asmarandana, Sinom, Dandanggula, Balakbak, Maskumambang, Ladrang, Pucung, Lambang, Mijil, Durma, Pangkur, Gambuh, Gurisa, Wirangrong, Magatru, jeung Jurudemung. Nu tujuhbelas ka bagi kana dua kelompok nya eta:
1. Sekar ageung (KSAD) nya eta Kiananti, Sinom, Asmarandana, Dangdangula, di sebut sekar ageung lantaran pang seringna di pake dina guguritan.
2. Sekar alit nya eta sesa tina sekar ageung, disebut sekar alit lantaran pupuh ieu langka dipake dina guguritan atawa puisi heubeul liana.
a. Asmarandana
Numutkeun M. A. Salmun (1963) :47) kecap asmarandana teh asalna tina basa Sansekerta “Smara” jeung “dahana” ; smara ( asmara) hartina birahi atawa duriat, dahan hartina seuneu. jadi hartina nya eta seunue birahi. Watek pupuh Asmarandana umumna digunakeun pikeun ngagambarkeun birahi, silih asih atawa nasihat.

Conto pupuh Asmarandaan
Mun ujang nyiar pangarti
Terus sakola ka kota
Sing jadi murid rancage
Bener pinter bari sehat
Mika heman sasama
Asih kanu jadi guru
Gaganti ema jeung bapa

Analisis pupuh diluhur
1) Jumlah padalisan dina sapasang : 7 padalisan
2) Guru wilangan jeung guru lagu
a. Padalisan ka 1 : 8i
b. Padalisan ka 2 : 8a
c. Padalisan ka 3 : 8 e/o
d. Padalisan ka 4 : 8a
e. Padalisan ka 5 : 7a
f. Padalisan ka 6 : 8a
g. Padalisan ka 7 : 8u

3) Watek dina ieu pupuh nya eta piwuruk tawa nasihat, ti hiji kolot kanu jadi anak. Piwuruk eta ka gambar dina padalisan “Sing jadi murid rancage, bener pinter bari sehat, mika heman ka sasama, asih kanu jadi guru.”
b. Dangdanggula
Numutkeun M. A. Salmun (1963 : 47) ngaran dangdanggula tina kecap dangdang, robah jadi dengang hartina kawih. Jadi dangdanggula hartina kawih manis. Pupuh Dangdanggula mindeng digunakeun dina wawacan/guguritan jeung kaasup kana sekar ageung. Watekna kabungah/kaagungan.

Conto pupuh Dangdanggula
Pasosore nyawang Bandung asri
Basa kuring ulin ka Isola
Tidieu ti belah kaler
Tembong di lingkung gunung
Kota kembang bangun nu sepi
Bet teu kapieng sora
Da geus puguh jauh
Langitna kacida lenglan
Estu taya mega bodas aling-aling
Poe ieu bnengras pisan

Analisis pupuh diluhur
1) Jumlah padalisan dina sapasa : 10 padalisan
2) Guru wilangan jeung guru lagu
a. Padalisan ka 1 : 10i
b. Padalisan ka 2 : 10a
c. Padalisan ka 3 : 8 e/o
d. Padalisan ka 4 :7u
e. Padalisan ka 5 : 9i
f. Padalisan ka 6 :7a
g. Padalisan ka 7 : 6u
h. Padalisan ka 8 : 8a
i. Padalisan ka 9 : 12i
j. Padalisan ka 10 :7a
3) Watek pupuh nu kagambar dina eta pu[puh nya eta kaendahan

c. Balakbak
Pupuh Balakbak di[ake pikeun ngagambarkeun pikakaseurieun / lulucon. Guru wilanganana (ngaruntuy) 15,15, 15, engang jeung guru laguna e, e, e. Pupuh Balakbak kaasup sekar alit.

Conto pupuh Balakbak
Aya warung sisi jalan rame pisan , Citameng
Awewena-Awewea luas-luis geulis pisan, ngagoreng
Lalakina-lalakina los ka pipir nyoo monyet, nyanggeren

Analisis pupuh di luhur
1) Jumlah padalisan dina sapada : 3 padalisan
2) Guru wilangan jeung guru lagu :
a. Padalisan ka 1 : 15e/12+3e
b. Padalisan ka 2 : 15e/ 12+3e
c. Padalisan ka 3 : 15e/12+3e
3) Watek Pupuh
Watek dina ieu pupuh nya eta ngagambarkeun warung di sisi jalan anu rame tur aya guguyon ti tukang warungna eta.

- pupujian –
Bisa dipastikeun yén ayana pupujian di masarakat Sunda téh sabada urang Sunda ngagem agama Islam. Hal ieu luyu jeung eusi pupujian nu salawasna ngeunaan kaagamaan.
Pupujian téh nya éta puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran agama Islam. Pupujian téh asalna tina sa’ir, nya éta puisi tina sastra Arab. Nu matak umumna pupujian wangunna téh méh taya bédana jeung sa’ir. Diwangun ku opat padalisan dina sapadana, sarta unggal padalisan diwangun ku dalapan engang. Tapi aya ogé anu diwangun ku dua padalisan dina sapadana; genep padalisan dina sapadana; jeung sajabana. Purwakanti nu aya dina pupujian, umumna purwakanti laraswekas.
Kartini spk. (1986:10) nyebutkeun yén pupujian téh gelarna di wewengkon pasantrén. Nyebarna pupujian ngaliwatan para santri, ti dinya ka masarakat, sarta ka sakola-sakola kaagamaan. Dina mangsa mimiti aya agama Islam, para kiayi satekah polah nepikeun pangajaran agama, salah sahijina dina wangun pupujian (Rusyana, 1971:12).
Cara macana, pupujian téh sok dikawihkeun atawa dinadomkeun. Umumna dibaracana téh di masjid saméméh solat, di madrasah, pasantrén, jeung dina acara-acara anu aya patalina jeung ka Islaman.
Fungsi Pupujian
Minangka seni, pupujian ngabogaan fungsi ekspresi pribadi jeung fungsi sosial. Dumasar hasil panalungtikan, fungsi social pupujian leuwih nonjol dibandingkeun jeung fungsi ekspresi pribadi (Rusyana, 1971:7). Pupujian digunakeun pikeun mangaruhan pikiran, parasaan, jeung kalakuan manusa, di sagigireun pikeun nepikeun ajaran agama. Pupujian mangrupa salah sahiji media atikan, nu eusina ngandung rupa-rupa naséhat jeung pangajaran agama, ku cara diapalkeun.
Papasingan Pupujian
Disawang tina eusi, pupujian téh bisa digolongkeun kana sababaraha golongan, diantarana:
a. Muji ka Gusti Alloh
Contona:
Ya Alloh nu sipat rohman
Ni’matna ngawalatraan
Sadayana kabagian
Ka nu kapir ka nu iman
b. Solawat ka Kangjeng Nabi
Contona:
Rohmat Alloh salam Alloh
Ka Toha utusan Alloh
Rohmat AAlloh salam Alloh
Ka Yasin kakasih Alloh
c. Do’a jeung Tobat ka Pangeran
Contona:
Mugi Gusti ngahampura
Kana dosa jisim abdi
Sareng dosa ibu rama
Dulur muslimat muslimin

d. Pepeling
Contona:
Anak Adam di dunya anjeung ngumbara
Hirup anjeun di dunya téh moal lila

e. Ajaran Agama
Contona:
Pardu wudu aya genep sadayana
Hiji niat kadua ngumbah rarayna
Tiu ngumbah leungeun dua jeung sikuna
Opat ngusap saalit tina sirahna
Lima ngumbah suku dua jeung muncangna
Genep tartib sing puguh runtuyanana
Sedengkeun M.A. Suparman (dina Rosman, 1988) ngabagi pupujian jadi opat, nya éta:
a. nu heubeul muji ka nu heubeul
b. nu heubeul muji ka nu anyar
c. nu anyar muji ka nu heubeul, jeung
d. nu anyar muji ka nu anyar

- tembang –
Dina Kamus Basa Sunda R. A. Danadibrata (2006), tembang nya éta lagu jelema dina pupuh; tingali biskal, aleu, pupuh, haleuang, hariring, kawih, beluk. Tembang téh lagu anu teu bébas atawa kauger ku aturan, boh laguna, boh rumpakana. Anu kitu disebutna lagu tembang. Cianjuran sok disebut seni tembang, sabab lagu jeung rumpakana aya aturanana anu maneuh (pageuh).

LAGU JEMPLANG SÉRANG
(Pupuh Sinom)

Tos lami ngantos gamparan,
Kembang téh taya nu metik,
Mun kembang bisa ngomong mah,
Meureun naroskeun ka abdi,
Naha dunungan sepi,
Kaluman taya nu ngambung,
Dunungan atuh layad,
Ulah kahongjongan teuing,
Kembang ligar leungiteun dununganana.
Gamparan kumaha damang,
Abdi mah pangésto diri,
Raga mah jagjag waringkas,
Ngan ati anu prihatin,
Margi jadi ririwit,
Ku gamparan dibibingung,
Cacak menggah gamparan,
Ka abdi teu ngusik-ngusik,
Moal enya abdi gé wanton unjukan.
II. Rapat
Rapat mangrupa hiji kagiatan pikeun ngarengsekeun pasualan nu dianggap penting pikeun dibadamikeun jeung dipatotoskeun ku jalma rea. Aya sawatara hal anu perlu diperhatikeun dina rapat, diantarana:
 Tatahar rapat
 Bubuka rapat, jeung
 Medar materi rapat
Tatahar rapat atawa persiap, diperlukeun saacan kagiatan rapat dilaksanakeun. Sedengkeun anu perlu ditataharkeun nya eta:
 Saha wae nu rek diondang dina rapat
 Naon nu rek dirapatkeun
 Iraha waktuna
 Dimana tempatna
Bubuka rapat, dimaksudkeun pikeun ngawilujengkeun ka nu hadir. Saperti ucapan-ucapan salam anu geus umum dipake, jeung panganteur. Lebah dieu pamingpin rapat nyebutkeun maksud jeung tujuannana.
Medar materi rapat, mangrupa kagiatan saenggeus muka rapat, nya eta ngawincik bahan nu rek dirapatkeun. Wincikan tina topic nu geus ditangtukeun.
Aya sababaraha hal nu perlu diperhatikeun upama rek mingpin rapat, sangkan lumangsung kalawan lancer. Diantarana:
1. Catet materi nu rek dirapatkeun
2. Siapkeun notulen, nya eta tukang nulis hal-hal anu penting dina rapat. Utamana hasil rapat
3. Usahakeun rapat dimimitian saluyu jeung waktu nu geus ditangtukeun
4. Sanggeus sarerea karumpul, langsung buka:
 Ngucapkeun salam
 Ngahaturkeun nuhun ka nu hadir
 Sebutkeun materi/pasualan nu rek dirapatkeun
 Sakira perlu sebutkeun tata-tertib salila rapat
5. Dina waktuna mere kasempetan ka hadirin nyarita, kudu diwatesan boh waktuna, boh jumlahna.
6. Upama aya pananya, jawabanana ulah ngayayay, tapi sing tandes jeung ringkes.
7. Upama geus meunang kacindekan, gancang tutup. Ulah poho ngahaturkeun nuhun ka nu hadir.
III. Bewara
Bewara biasa disebut oge pangumuman. Bewara mangrupa hiji beja atawa informasi anu dianggap perlu dipikanyaho ku jalma sejen. Tujuanana rupa-rupa, aya nu mangrupa uar pangajak, iklan, propaganda atawa promosi, jeung sajabana. Sangkan bewara bisa ditarima ku panitenna, tangtu aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun. Diantarana: basa anu dipake, lentong, tatakrama basa, jeung anggah-ungguhna.
IV. Ngawawancara
Wawancara nya eta meunangkeun informasi ku cara nanyakeun langsung ka nara sumber (nu diwawancara) dumasar kana informasi diperlukeun. Wawancara ka asup kana kagiatan nyartita dua arah. Dina wawancara biasana ngagunakeun kalimah pananya. Kalimah pananya nya eta kalimah anu eusina nanyakeun hiji hal. Cirri kalimah pananya nya eta ditungtungan ku tanda Tanya (?) sarta ngagunakeun kecap pananya, nya eta: saha, naon, iraha, kumaha, sabaraha, dimana, jeung kamana.
Sababaraha hal anu dianggap penting disadiakeun samemehna, diantarana:
 Keur kaperluan naon?
 Naon wae nu ditanyakeun?
 Saha nu rek ditanya?
 Kamana kudu nepunganana?
 Iraha waktuna?, jeung sajabana.