Sabtu, 09 Oktober 2010

Parobahan Harti

parobahan harti
Harti dina hiji basa téh mindeng barobah. Aya lima perkara anu jadi panglancar kana robahna harti, nyaéta:
1. Basa mibanda sifat barobah;
2. Dina basa sok aya wangunan samar (vaguaness);
3. Dina basa sok aya wangunan anu mibanda harti (ambigous);
4. Dina basa sok kajadian leungitna dadasar; jeung
5. Ayana struktur léksikal.
Jaba ti éta aya genep faktor panyabab robahna harti, nyaéta faktor: (a) linguistik, (b) sosiologis, (c) psikologis, (d) historis, (e) basa deungeun, jeung (f) pangabutuh kana kecap anyar. Parobahan harti aya sababaraha rupa atawa prosés, kayaning:
a. Ngajembaran (generalisasi)
Ngajembaran nyaéta robahna harti kecap anyar anu ambahanana leuwih jembar batan harti kecap heubeul.
- Bapa harti asalna ‘sesebutan ka salakina indung urang’ ayeuna hartina ngalegaan ‘unggal lalaki kolot tur pantes meunang panghormat’.
b. Ngaheureutan (spesifikasi)
Ngaheureutan nyaéta robahna harti kecap anyar anu ambahanana leuwih heureut batan harti kecap heubeul.
- Sarjana harti asalna ‘jalma nu luhung ku élmu, jembar pangabisa’; ayeuna harti ngaheureutan ‘gelar akademis ti paguron luhur’.
c. Ngaluhuran (ameliorasi)
Ngaluhuran nyaéta robahna harti kecap anyar anu ajénna leuwih luhur batan harti kecap heubeul. Contona:
- Wanita harti asalna ‘sesebutan keur ka sato bikang, robahan tina banita, batina, betina’; ayeuna mah ajénna karasa leuwih luhur batan awéwé.
d. Ngahandapan (pejorasi)
Ngahandapan nyaéta robahna harti kecap anyar anu ajénna leuwih handap batan harti kecap heubeul. Contona:
- Bujang jeung lanjang harti asalna mah ‘sesebutan ka jajaka jeung parawan’; ayeuna mah konotasina karasa leuwih handap nyaéta ‘nu mantu-mantu kana pagawéan rumah tangga; babu’.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar