Senin, 12 Oktober 2009

CARITA PONDOK

CARPON

Carpon mangrupa singgetan tina carita pondok. Carita: carios, ucap, omongan, dongéng, lalakon (KUBS). Kecap pondok didieu dihartikeun saeutik. Carita pondok nyaéta carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukurannana parondok, jumlah kecapna: 5000-10000 kecap. Kulantaran pondok, caritaan nu ditepikeunna ogé ngan sakajadian tur palakuna ogé teu loba. Carita pondok téh aya sasaruaannana jeung dongéng. Boh dongéng boh carita pondok pada-pada carita anu parondok. Ngan lamun dina dongéng mah sok aya babagian anu pamohalan (teu kaharti ku akal), ari carita pondok mah eusina kahati ku akal nya éta dina palakuna, jalan caritana, tempat, waktu kajadian jeung gelarna diréka lir anu enya kajadian. Dongéng mangrupa hasil sastra béh ditu, sedengkeun carpon mangrupa hasil sastra béh dieu. Cara nyebarna dongéng mah umumna ku lisan, ari carpon mah ku tulisan. Saperti umumna sastra lisan dongéng mah teu kasebut ngaran anu ngarangna, disebutna ogé sastra balaréa. Ari carita pondok mah kanyahoan saha anu ngarangna.

Carita pondok mekar dina kahirupan sastra Sunda téh mimiti abad ka-20 (Rusyana, 1992). Carpon geus dipidangkeun dina majalah Parahiangan nu mimiti medal (1929). Dina majalah nu dikaluarkeun ku Balé Pustaka éta sok dimuat carpon. Lian ti dina majalah, carita pondok téh gelar dina buku. Buku kumpulan carpon anu mimiti judulna Dogdog Pangréwong, dikaluarkeun ku Balé Pustaka dina taun 1930. Jadi genep taun leuwih ti heula batan kumpulan carita pondok nu mimiti dina sastra Indonesia, nyaéta Teman Duduk karangan Muh. Kasim anu kaluar taun 1936. Ngaran nu ngarangna ukur ditulis aksara mimitina, G.S. Ceuk R. Ero Bratakusumah, GS téh mangrupa ngaran samaran tina G. Suwandakusuma nu kungsi jadi wadana. Sedengkeun ceuk M.A. Salmun mah G. Sastradireja.

Karangan wangun carpon umumna hirupna téh ku ayana majalah jeung kalawatra, lantaran dimuatna dina éta media. Pikeun ngamalirkeun karangannana, urang Sunda ngadegkeun majalah Papaés Nonoman (1915), Padjadjaran (1981), Volksalmanak Sunda (1919), Pusaka Sunda (1923), jeung Sipatahunan (1923) nu engkéna jadi surat kabar Parahiangan (1929), Panghegar (1952).

Sabada Indonesia merdeka mimiti harirup majalah-majalah jeung kalawatra anyar, di antarana:

1) Warga ( Bogor, 1951);

2) Sunda (Bandung, 1952);

3) Candra ( Bogor, 1954). Nomer munggaran medal bulan Mei 1954. Dihandapeun ngaranna ditulis “Majalah Bulanan Roman Sunda Populer”. Tapi nu dimaksud roman di dieu mah carita pondok, lain novel. Pangasuhna dicekel ku S. Eeng Natadipura, sedengkeun rédaksina diaping ku M.A.Salmun.

4) Kujang (Bandung, 1956);

5) Manglé (Bogor, 1957);

6) Kiwari (Jakarta, 1957);

7) Sari (Bandung, 1963);

8) Langensari (Bandung, 1963);

9) Sangkuriang (Bandung, 1964);

10) Baranangsiang (Bogor, 1964). Diadegkeun ku Yayasan Kebudayaan;

11) Campaka (Bandung, 1965) ku Yayasan Campaka. Tumpur dina taun 1967;

12) Mingguan Sunda (Bandung, 1966);

13) Kutawaringin (1966) majalah bulanan nu diterbitkeun di Subang;

14) Wangsit nu diterbitkeun di Bandung dina bulan Ferbruari 1966 ku Yayasan Bakti Haruman;

15) Hanjuang (1971);

16) Gondéwa (1972);

17) Giwangkara (1973);

18) Galura (1947);

19) Cupumanik (2003); jst.

Dina usum perang mah langka jalma nu miroséa sastra. Sabada suasana karasa aman deui, réa pangarang nu nulis deui carita pondok. Karanganana, salian ti digelar dina majalah-majalah, aya ogé kumpulan carita pondok nu medal, di antarana:

1) Carita Biasa karangan R.A.F (Balé Pustaka, 1959). Kaldelna 119 kaca.

2) Papacangan karangan Rusman Sutiasumarga (Balé Pustaka, 1960), kandelna 64 kaca.

3) Hujan Munggaran karangan Ayatrohaédi (Balé Pustaka, 1960) kandelna 76 kaca.

4) Dongéng Énténg ti Pasantrén karangan R.A.F (Taraté, 1961).

5) Néangan karangan Tini Kartini (Kiwari, 1963) kandelna 104 kaca.

6) Jurig karangan Tini Kartini (Kiwari, 1963) kandelna 88 kaca.

7) Béja Ti Maranéhna karangan Ki Umbara (Pusaka Sunda, 1964).

8) Parawan karangan Yus Rusamsi (Pusaka Sunda, 1964).

9) Tamiang Meulit ka Bitis karangan Ermas, sandiasma R.Rachmat Marta Adi Subrata (Pusaka Sunda, 1965).

10) Di Luhureun Jukut Reumis karangan Yus Rusyana (Pusaka Sunda, 1965).

11) Teu Tulus Paéh Nundutan karangan ki Umbara (Pusaka Sunda, 1965).

12) Diwadalkeun ka Siluman karangan Ki Umbara (Kiwari, 1965) kandelna 80 kaca.

13) Paséa karangan Tini Kartini, diterbitkeun ku Cupumanik dina taun 1965.

14) Heuay karangan Eddy D. Iskandar, diterbitkeun taun 1980.

15) Nu Teu Kungsi Kalisankeun karangan Abdullah Mustapa, diterbitkeun taun 1981.

16) Nu Tepung di Imah Dukun karangan I.Asikin, diterbitkeun taun 1983.

17) Nyi Karsih karangan Karna Yudibrata, diterbitkeun ku rahmat Cijulang taun 1984.

18) Kanyaah Kolot karangan Karna Yudibrata, diterbitkeun ku Rahmat Cijulang taun 1985.

19) Jajten Ninggang Papastén karnagan Yus Rusyana, diterbitkeun ku rahmat Cijulang taun 1988.

20) Halimun Peuting karangan Iskandarwassid, diterbitkeun ku rahmat cijulang taun 1989.

21) Jiad Ajengan (Usep romli HM, 1991).

22) Panggung Wayang karangan Aam Amilia, diterbitkeun ku Geger Sunten taun 1992.

23) Ceurik Santri (Usep Romli, Rahmat Cijulang, 1985, 1991)

24) Mirah Dalima karangan Kis Ws, diterbitkeun ku Girimukti Pasaka taun 1992.

25) Serat Sarwa Satwa 9Godi Suwarna, Geger Sunten, 1995).

26) Awéwé Dulang Tinandé (Caraka).

27) 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén karangan RAF, diterbitkeun ku Geger Sunten taun 1998.

28) Oknum karangan Hadi AKS, diterbitkeun ku Geger Sunten taun 1998.

29) Nu Harayang Dihargaan karangan Darpan Ariawinangun, taun 1998.

30) Pantun Pangrajah (Usman Supéndi, 2002).

31) Anak Jadah (Cecep Burdansyah).

32) Astrajingga Gugat (Oom Sumara de Uci).

33) Koruptor (Oom Somara de uci, 2002).

34) Anaking Jimat Awaking (Wahyu Wibisana).

35) Babu Kajajadén (Syarif Amin).

36) Lalakon Bingbang (Dian Hendrayana).

37) Paséa jeungg Nyi Karsih (Tini Kartini, 2003, KBU).

38) Ajalna Sang Béntang Film (Duduh Durahman, 2004, KBU).

Salian ti kumpulan carita pondok karangan hiji pangarang, aya ogé kumpulan carita pondok nu mangrupa antologi, di antarana:

1) Kanjutkundang dikumpulkeun ku Ajip Rosidi jeung Rusman Sutiasumarga, diterbitkeun ku Balai Pustaka taun 1963.

2) Anting Pérak nu diterbitkeun ku Sargani Bandung, taun 1966.

3) Carécét Sulam diterbitkeun ku Sargani taun 1966.

4) Demi pasukan diterbitkeun ku Sargani taun 1966.

5) Sawidak Carita Pondok dikumpulkeun ku Abdullah Mustappa, Duduh Durahman, jeung Karno Kartadibrata, diterbitkeun ku Manglé taun 1983.

6) Petingan dikumpulkeun jeung disawang ku Duduh Durahman, diterbitkeun ku Manglé taun 1984.

7) Guriang Tujuh dikumpulkeun ku Tini Kartini, Ningrum Djulaeha, jeung Rachmat M. Sas Karana, diterbitkeun ku Rahmat Cijulang taun 1984.

8) Ti Pulpén Tepi ka Pajaratan Cinta (antalogi carpon mini, 2002).

9) Kanagan, kumpulan carpon pinilih Manglé hadiah Uu Rukmana (Geger Sunten, 2003).

10) Campaka Mangkak (PPSS, Kiblat Buku Utama, 2003).

11) Heulang Nu Ngajak Béngbat (PPSS, KBU, 2004).

UNSUR INTRINSIK CARPON

Unsur intrinsik nyaéta unsur-unsur nu aya di sajeroning carpon saperti téma, latar, alur, jeung penokohan.

1) Téma. Nyaéta ide pokok dina hiji carita

2) Latar. Latar dibagi jadi dua nyaéta latar tempat jeung latar waktu. Latar tempat nyaéta tempat-tempat nu aya jeung dicaritakeun dina carita, sedengkeun latar waktu nyaéta waktu lumangsungna kajadian nu aya dina carita.

3) Alur. Alur dibagi jadi alur maju, alur mundur, jeung alur mobok tengah atawa campuran, hiji carita ngabogaan alur maju mun caritaanana ngaguluyur ti awal nepi ka ahir. Alur mundur mun caritaanana dimimitian nyaritakeun nu geus kajadian jadi nu dicaritakeunana ti ahir ka awal. Sedengkeun alur campuran mah campur-campur bisa ditengah heula terus ka awal atawa ka ahir.

4) Penokohan. Penokohan dibagi jadi tokoh utama jeung tokoh tambahan. Tokoh utama nyaéta tokoh nu sering dicaritakeun atawa sering muncul dina caritaan sedengkeun tokoh tambahan mah dicartitakeun ngan sakilas-sakilas.

Buhim

Ku N Astrini Nursyamsiah



Teu nyangka horéng kitu aslina, jalma nu katingalina bageur, soléh, tur taat kana agama, sing horéng kitu buktina. Simpati nu aya dina diri, leungit jadi ceuceub. Saha nu nyangka manéhna kawas buhaya? Sabab katutupan ku tingkah jeung paripolahna. Ihhhhh “fans-fans” nu aya pasti bakal ngarasa kuciwa, lamun apal kumaha carita “Sang Idola”. Peuting harita, kacaritakeun di CCL aya acara. Kuring ngagugu paréntah atasan pikeun datang kana éta pintonan, nepika nyieuhkeun kahoréam, maksakeun indit.

Bareng jol datang, kasampak geus aya nu tandang. Tempat nu sakitu legana geus pinuh ku jalma, pédah malem minggu meureunnya? Kuring nu elat datang, seselempét néangan tempat diuk panghareupna, atuh pintonan téh jelas katingalina.

Kakara dua jam kuring di dinya, tapi haté ngarasa teu tingtrim, meureun ku sabab tara biasa kawas kalong iinditan tipeuting. Ti dinya kuring ngajak balik ka babaturan, dianteurkeun ogé ku Firdy nu sok héman. Sanggeus nepi ka kostan, kuring langsung sibeungeut. Dug wé saré.

Wanci carancang tihang, bray beunta kuniang kuring hudang. Saréngséna solat, rét kuring kana HP, horéng aya sms.

“Nda, dah bobo ya? Ya udah met bobo ya, moga malaikat menjagamu. Firdy sayang Nda.”

“Sorry, malem téh Nda nya dah tibra so ru bales dech! Thanks ya… Nda ogé sayang Firdy,” kuring males sms bari seuri, sabab tara-tara ti sasari.

Teu lila ti dinya, aya deui sms ti manéhna.

“Nda jg sayang Firdy? As what?”

“Ya Nda ogé sayang Firdy kok. Seperti…apa ya? Nya…kitu waé,” ceuk kuring, sabab bingung naon maksudna.

Pasosoré basa kuring keur sasaréan, kadéngé sora panto di ketrok.

“Kéla antosan sakedap!” ceuk kuring.

Krék, panto dibuka. Sugan téh saha, singhoréng Firdy.

Ti barang datang, aya kana satengah jamna manéhna teu ngomong-ngomong. Ari ditakol waé meureun pak-belentrang. Lila-lila balas ku kuring ditakolan waé, tungtungna manéhna ngabamblam. Cenah manéhna ngarasa trésna ka kuring ti baheula. Ih mani teu lucu. Ah, kumaha waé carana sangkan kuring ngajawab harita kénéh, sakumaha paméntana.

“Hé.. hé..” kuring mésem tuluy ngajawab.

“Nya sih, Nda ogé trésna ka Firdy. Tapi éta mah jadul, ayeuna mah nuju hoyong niis heula alim ngémutan masalah cinta.”

“Émang ayeuna Nda kasaha? Meni dugi ka nolak abdi?” Tanya manéhna bari ku pd.

“Teu kasasaha sih, tapi nya nuju males wé.”

“Oh.. nya entos atuh ari kitu mah, abdi mah asal tos ngungkapkeun eusi haté abdi wé, tos kitu mah tenang. Punten atos ngaganggu, sareng teu sopan tos resep ka Nda, tapi abdi harap Nda ka payunna tong jadi béda.”

“Nya teu kunanaon, sami-saminya tong gara-gara kajadian ieu Firdy jadi béda ka Nda.” Geus kitu, manéhna jung nangtung, léos waé indit.

Hmmm…kuring mikir. Isuk tong aya nu béda. Tapi kalah kumaha waé ogé sigana angger pasti kagok. Sabab, manéhna nu baheula tempat nyarita, ayeuna ngungkapkeun eusi haténa. Teuing rék kumaha?

Isukna, Firdy datang deui. Kuring mah teu mikirkeun nu kamari. Kadatangan manéhna ku kuring dianggap babaturan nyarita cara baheula. Tapi, manéhna terus waé nyabit-nyabit masalah nu kamari.

Méh unggal poé manéhna datang.

Ih meni ngéhé! Teu kapok-kapokkeun éta jalma, geus dicuékkeun, geus teu dibales SMSna, tapi hayoh waé. Nepikeun ka ngirim-ngirim salam ngaliwatan babaturan. Mani beuki cua waé kuring téh, balas rudet ngabandunganana.

Hiji waktu kuring datang ka HIMA. Didinya ka-sampak manéhna, ogé babaturan séjén, kaasup “alumni” haté kuring. Pas keur caricing.

“Kunaon Firdy? Gering?” ceuk kang Gilang nu kakara datang.

“Muhun kang, abdi nuju nyeri haté ku Nda. Abdi ngungudag kalah dicuékkeun,” manéhna ngajawab bari sasaréan.

“Ihhh…naon sih?! Pan seueur nu resepeun meureun ka didinya.” Ceuk kuring rada sinis bari éra.

“Enya, menya buhim-buhim teu boga kabogoh?” ceuk Opik nu keur ngetik.

“Tuh komo atuh ari buhim mah, pasti seueur nu resepeun.” Kuring nambahan.

Harita, ngan ukur saceplos-ceplosna kuring nyarita. Nyebut buhim téh ngan ukur sabuhim-buhimna, sabab can nyaho harti nu sabenerna. Da sakanyaho kuring mah, anu sok disebut “buhim” téh ngan ukur Si Opik, Si Koko, jeung Si Yudi. Ah, lempeng wé rék kumaha ogé.

Sababaraha poé ti harita, Si Monik nyarita.

“Nda.. Nda terang teu? Gosip anyar di Hima?”

“Henteu….aya naon kitu, Nik?” kuring molohok panasaran.

“Aya nu némbak, tapi jalmana teu disangka-sangka. Ih wanian Si Éta,” ceuk Si Monik. Kuring panasaran.

“Naon sih? Saha?” kuring rada miharep.

“Tong dibéja-béja kabatur nya! Masing ka sobat-sobat Nda ogé.”

“Enya… Siiiiip! Saha kitu?”

“Firdy…”

“Firdy? Nembak saha?” kuring rada ngajenghok, tur hariwang bisi barudak geus nyarahoeuneun kajadianan kuring jeung si Firdy saméméhna.

“Ah, pokona mah teu nyangka.”

“Enyaaaa…némbak saha?” kuring beuki panasaran.

“Si Firdy…némbak Si Fidella. Teu nyangka pan?” manéhna nanya.

“Alhamdulillah… … “ kuring ngucap syukur. Némbak téh maksudna lain némbak ku bedil, tapi némbak ku haté alias ngungkapkeun eusi haté.

Monik reuwas ningali kuring.

“Naha Nda…maké nyebut alhamdulillah?”

“Henteu…..nya, kita sebagai teman ikut bahagia donk dengan apa yang terjadi sama mereka.” ceuk kuring bari mésem.

“Tapi…nyebut alhamdulillahna asa béda ieu mah. Siga ungkapan tina lubuk haté nu pangjerona.”

“Ah henteu..” ceuk kuring biasa-biasa.

“Tapi béda ah, siga aya nu disumputkeun. Ngobrol atuh, aya naon?”

Kuring bingung hayang nyarita. “Nya alhamdulillah. Jadi ayeuna mah moal aya nu ngaganggu Nda deui, moal aya nu unggal soré datang ka kosan deui, moal aya nu timburuan deui.”

“Ari kitu kumaha? Teu ngarti ah!” Manéhna bingungeun.

“Ih bolot! Hayang terang waé énté mah.”

“Nya atuh, sok nyarita!”

“Yeuh, hayang terang mah. Sababaraha poé ka tukang téh Si Firdy ngungkapkeun eusi haténa ogé ka kuring. Ka kosan méh unggal poé, ngaSMS téa, ngirim salam téa. Mani mantak cua. Leuheung mun ukur kitu, ieu mah lamun kuring deukeut jeung lalaki séjén téh sok rada baeud. Emang naon hakna? Kabogoh lain, salaki komo deui. Tah kitu caritana! Ngarti ayeuna mah?” kuring nanya ka Si Monik.

“Ih, naha?! teu nyangka, Si Éta kok, kitunya?! Dasar BUHIM”
“Tah…tah…ari Buhim téh naon sih? Nda mah ukur sok pipilueun nyebutna we, da hartina mah teu apal. Naon sih?” kuring nanya bari seuri.
“Ih….ari Neneng. Sugan téh geus apal. Buhim téh singgetan tina Buhaya Himpunan!” ceuk Si Monik bari saterusna ngahuleng. Kuring ogé sarua uleng mikiran Firdy.

Lain ku nanaon, teu nyangka.

Firdy nu bageur katingalina, horéng sarua Buhim.

Teuing nu kumaha wujud nu sabenerna nu bageur téh? Teuing nu kumaha wujud nu sabenerna soleh téh? Jeung teuing iraha kuring manggihan lalaki nu kasép, bageur, soléh, tur satia?

Hmmmph! Meureun can waktuna. ***

(Mangle No. 2208)

*Catetan diluhur sempalan tina buku Panyungsi Sastra (DR. Yus Rusyana), Diktat Kuliah (Sajarah Sastra Sunda) Dr. Ruhaiah, M.Hum. LKS CALAKAN (Ferry Timorochmadi, S.Pd. saparakanca jeung Majalah Manglé No. 2208.

Minggu, 11 Oktober 2009

Kakawihan

KAKAWIHAN

Wangenan

Kakawihan asal kecapna tina kawih, nu hartina Rakitan basa sabangsa dangding nu teu make patokan pupuh. Ngawih nya eta ngalagukeun kawih atawa sisindiran. Ieu kabinangkitan teh ka asup sastra buhun, gelarna dina sastra Sunda mangrupa sastra sampakan. Tapi nu boga kakawihan teh lain ngan ukur urang sunda wae, unggal seler bangsa oge miboga kakawihan sewang-sewangan. Kakawihan ka asup sastra lisan, sumebarna tatalepa sacara turun tumurun di lingkungan masarakat. Ku kituna kakawihan sering disebut sastra balarea. Kakawihan lain ngan saukur dipake bari ulin, tapi oge sok dipake bari digawe.

RMA koesoemadinata (dina Soepandi, 1985:14) mere katerangan ngeunaan kawih, nya eta: sekar (tembang=kawih) ieu aya dua rupa:

1. Sekar irama merdeka, nya eta tembang nu panjang pondokna sora jeung wirahmana sakarep-karep numutkeun raosna priyangga, numutkeun kangeunahan nu tembang kayaning: tembang buhun rancag, tembang buhun raehan, beluk, kakawen, suluk, tembang Cianjuran, tembang Ciawian, kakawihan dongeng.

2. Sekar-tandak, nya eta tembang anu ajeg wiletanana tegesna lolongkrang-lolongkrang antara wirahma-wirahma sami sadayana.

Kadieukeuna kawih jeung tembang dibedakeun. Ari kawih mah dihartikeun sekar tandak, sedengkeun tembang nya eta sekar irama merdika atawa lagu swara. Kiwari kakawihan dihartikeun lagu-lagu anu sok dinyanyikun ku barudak bari ulin, nepi ka sakapeung sok disebut kakawihan barudak atawa kaulinan barudak. Wibisana spk (200:387) nyebutkeun lagu rakyat, hartina lagu jeung lirikna geus baku, sipatna anonym jeung nyebar ti jaman baheula. Lagu ngawih saperti Polostomo, Pacul goang, kadewan, jste. (Soepandi & Oyon Sofyan Usmari, 1985:7).

Kamekaran kakawihan

Kakawihan (teksna, fungsi jeung basana) robah luyu jeung kahirupan masarakat. Nurutkeun kalungguhana, kakawihan bisa dipasing-pasing jadi dua golongan nya eta kakawihan pikeun kaulinan jeung kakawihan pikeun digawe.

Ciri kakawihan

Kakawihan mangrupa bagian tina folklore, ku kituna sabagian tina ciri-ciri folklore dipimilik oge ku kakawihan, di antarana:

a. Sumebar jeung diwariskeun sacara lisan;

b. Sifatna tradisional, nyebarna angger di antara kelompok tertentu;

c. Aya varian jeung versi, kajadian poho jeung interpolasi sok nimbulkeun bedana teks. Ku kituna sakapeung teksna sok beda, wirahmana sarua. Atawa wirahmana sarua, teksna nu beda;

d. Umumna anonym;

e. Miboga rumus jeung pola;

f. Polos jeung lugu, sakapeung jiga kasar jeung spontan (Danajaya, 1984).

Klasifikasi kakawihan

Kakawihan bisa diklasifikasikeun dumasar fungsina, basana, waktu ngawihkeuna, oge eusina.

Dumasar fungsi, kakawihan pikeun kaulinan, pikeun sumanget digawe, pikeun mepende, oge pikeun protes social.

1. Kakawihan pikeun kaulinan:

Kakawihan nu dipake dina ngamimitian kaulinan di antarana: Cing Ciripit, dal del Dol, jeung Hompimpah.

Kakawihan sapanjang kaulinan: Aanyaman, Ambil-ambilan, Ayang-ayang Gung, Babagongan, Cingcangkeling, Eundeuk-eundeukan, jst.

2. Kakawihan pikeun numuwuhkeun sumanget digawe diantarana: Mars Siliwnagi, Ngawuluku, jeung Ngagebahan Manuk.

3. Kakawihan pikeun mepende, di antarana Nelengnengkung, Pat Lapat, jst.

4. Kakawihan pikeun protes social, mangrupa gambaran protes kana hiji kaayaan dina mangsa eta kakawihan dijieun, misalna: Ayang-ayang Gung, Bolu Bugem, Dengkleung Dengdek, Prangpring, Tongtolang Nangka, Hatiku Jang Wawan, jeung Eundeuk-eundeukan Lagoni.

Dumasar basana, aya nu eusina sagemblengna ngagunakeun basa Sunda jeung aya anu campur jeung basa sejen. Misalna: Punten Mangga, pupujian, Si Jendil Adil, Slep Dur, jeung Ula Elo Kembang.

Dumasar waktu, aya anu tadina sok dikawihkeun beurang atawa peuting oge aya anu beurang jeung peuting. Contona: Kalongking jeuung Bulan Tok.

Dumasar wangun, teksna aya anu dialog jeung aya anu monolog.

1. Kakawihan wangun dialog di antarana: Ambil-ambilan, Baju Beureum, Bolu Bugem, Cir Kupek, Gobang Kalima Gobang, Tongtolang Nangka, Eundeuk-eundeukan Lagoni, jeung Wek—wek Dor.

2. Kakawihan wangun monolog di antarana: Aanyaman, Ayang-ayang Gung, babagongan, Cingcangkeling, Cing Ciripit, Gobang gocir, jst.

Dumasar eusi, kakawihan loba nu ngagambarkeun kaayaan masarakat Sunda dina jamanna, magsa kakawihan diciptakeun. Eusi kakawihan loba nu ngagambarkeun kahirupan masarakat Sunda dina mangsa kakawihan diciptakeun. Wibisana spk (2000:387-396). Contona: Jung Jae, Ayang-ayang Gung, jst.

Papasingan kakawihan

Nilik kana wanguna, kakawihan barudak the sok dipasing-pasing jadi sababaraha golongan. Di antarana:

a. Wangun paparikan

Kakawihan wangun paparikan nya eta wanguna saperti paparikan, aya cangkang jeung eusi. Bedana, unggal padalisana teu matok 8 engang, anu penting asal sasora.

Conto:

TAT TIT TUT

Tat tit tut daun kaliki

Saha nu hitut budak lalaki

Tat tit tut daun kanyere

Saha nu hitut budak awewe

b. Kakawihan laras wekas

Kakawihan laras wekas nya eta kakawihan anu murwakanti engang tungtung, boh dina kecap-kecap dina saungkara boh dina kecap-kecap dina antar padalisan.

Conto:

EUNDEUK-EUNDEUKAN

Eundeuk-eundeukan lagoni

Meunang peucang sahiji

Leupas deui ku nini
beunang deui ku aki

c. Kakawihan margaluyu

Kakawihan margaluyu nya eta kakawihan anu kecap atawa engang dina tungtung padalisan, dibalikan deui dina awal padalisan, dibalikeun deui dina awal padalisan sapandeurieunana.

Conto:

AYANG-AYANG GUNG

Ayang-ayang gung

Gung goongna rame

Menak ki mas Tanu

Nu jadi wadana

Naha maneh kitu

Tukang olo-olo

Loba anu giru

Rukat jeung kompani

Niat jadi pangkat

Katos kagorengan

Ngantos kanjeng dalem

Lempa-lempi lempong

Ngadu pipi jeung nu ompong

d. Kakawihan mondoan kawit

Kakawihan mondoan kawit nya eta kakawihan anu malikan (mindo) kecap anu sarua dina awal padalisana.

Conto:

PUNTEN MANGGA
Punten… mangga

Ari ga, gatot kaca

Ari ca, cau ambon

Ari bon, bonteng asak

Ari sak, sakit perut

Ari rut, rujak asem

Ari sem, sempal sempil

Ari pil, pilm rame

Ari me, meja makan

Ari kan, kantong kosong

Ari song, song-song lampu

Ari pu, pulau bali

Ari pu, puak paok

Ari wok, wok berewok