Selasa, 08 September 2009

Harti Sastra

HARTI SASTRA

1. Plato, netelakeun yen sastra teh ukur titiron (mimesis) gambaran tina kanyataan. Ku sabab kitu, sastra teh gaplah.

2. Aristoteles, nganggap yen sastra teh mangrupa kagiatan utama manusa pikeun neangan jati dirina, di sagigireun ngaliwatan kagiatan sejenna saperti agama, elmu pangaweruh, jeung filsafat.

3. Eagleton, nyebutkeun yen sastra teh tulisan imajinatif dina harti fiksi tulisan anu henteu ngandung bebeneran sacara harfiah.

4. Luxemburg, ngeceskeun yen sastra teh bisa mere sawangan nu leuwih umum ngeunaan pasualan manusiawi, sosial atawa intelektual.

5. Semi, netelakeun balukarna tina sawangan nu beda-beda ngeunaan konsepsi sastra teh nya eta gelarna sawatara pamarekan dina kajadian sastra.

6. Nurutkeun Ajip Rosidi dina buku nu judulna Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Sastra asal kecapna tina basa Sansekerta “castra” nu hartina hukum atawa aturan. Bisa oge dihartikeun sarua jeung “Literature”, “Wortkunst”, nya eta hiji cabang kasenian anu ngagunakeun basa minangka mediana, atawa hasil kretivitas estetis manusa anu gumelar dina basa.

7. Rene Wellek & Austin Warren, dina bukuna Teori Kasusastraan. Manehna ngabogaan sawangan ngeunaan sastra nya eta hiji kagiatan kreatif, atawa hiji karya seni. Sastra mangrupa institusi sosial anu make medium basa. Sastra oge minangka sagala sesuatu anu ditulis atawa dicetak.

8. Prof.DR.A.Teeuw, dina bukuna sastra & Ilmu Sastra. Sastra sarua jeung literature (Inggris), literatur Jerman), litterature (Prancis). Tapi dina basa Indonesia Sastra asalna tina basa Sansekerta, akar kecap sas “ngarahkeun, nagajar, mere pituduh atawa intruksi. Ahirna tra biasana nunjukeun alat, sarana. Jadi sastra bisa dihartikeun alat pikeun ngajar, buku pituduh atawa pangajaran. Misalna: silpasatra, buku arsitektur, kamasastra.

9. Jay adalah Julian, sastra mangrupa wujud pikiran dina wangun tulisan.

10. Dr. Abdullah Dahana, (Dekan FIPB UI) sastra mangrupa elmu anu ngulik atawa ngaji kabudayaan sacara luas.

11. KBBI nyawang sastra nya eta:

a. Basa (kecap-kecap, gaya basa) anu dipake dina kitab-kitaaaab (lain basa sapopoe).

b. Karya tulis, mu lamun dibandingkeun jeung tulisan sejen, ngabogaan ciri kaunggulan saperti kaaslian, kaartistikan, kaendahan, dina eusi jeung ungkapan.

12. Wikipedia Indonesia, sastra mangrupa kecap serapan tina basa Sansekerta sastra, nu hartina “teks nu ngandung instruksi atawa pedoman”. Sastra bias ngarujuk kana sakabeh jenis tulisan, tapi diina kasusastraan, sastra bias dibagi jadi sastra tulis atawa sastra lisan (sastra oral).

13. Artikel Hamdan nu judulna Sastra & Agama, ngabahas sastra. Nurutkeun Bagyo.S, sastra asalna tina basa Sansekerta anu hartina “tulisan atawa karangan”. Sastra biasana dihartikeun salaku karangan ku basa nu endah tur eusina hade. Sastra mangruupa basa anu kacurah dina wangun tulisan atawa lisan, unggul dina nilei seni, jeung sifat na ngadidik. Jadi sastra:

a. Mangrupa basa, runtuyan kecap-kecap, gaya basa, ungkapan.

b. Kacurah dina wangun kitab, karya tulis, tulisan, karangan, lisan.

c. Ngabogaan nilei seni, endah, atristik, asli.

d. Eusina mangrupa aajaran, pendidikan, instruksi, pedoman.

14. Roman Jacobson salah saurang kritis Formalis ti Rusia nyebutkeun yen sastra teh kaganasan anu terorganisir anu dilarapkeun kana basa sapopoe.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar