Rabu, 29 September 2010

- MANTRA -

MANTRA
Mantra ka asup kana wangun puisi (wangun ugeran) bebas. Eusi mantra anu dianggap ngandung kakuatan gaib teh dipapatkeun ku nu boga maksud hayang meruhkeun nu sejen atawa nanjeurkeun kakuatan jeung komara pribadi. Hal-hal anu kudu di pigawe sangkan mantra teu cambal disebutna pameuli, saperti puasa, mati geni, tatapa, tirakat, ngisat diri, jsb.
Rosidi, 1995 : “Mantra sok dimuat dina majalah, timimiti Poesaka Soenda (1920-an) nepi ka kiwari”.
Tujuan digunakeuna mantra diantarana pikeun kasalametan/kamaslahatan (ngubaran nu gering), pikeun ngawasa sukma nu lian, sangkan diri pinunjul, sangkan padamikaasih, sangkan bedas, salamet gede sima, ludengan nyinglar, jeung ngariksa.
Dina KUBS mah, mantra teh hartina jampe.
Numutkeun sawatara ahli, mantra teh gumelarna dina mangsa animism/dinamisme, raket patalina jeung kapercayaan urang Sunda alam harita. Dina kamekaranana, kapangaruhan ku ageman urang Sunda sapandeurieunana. Hal eta kapanggih dina sawatara mantra anu ngagunakeun kekecapan tina basa Arab. Bisa jadi mangrupa bukti, sanajan urang Sunda geus ngagem agama Islam, tapi henteu ngaleupaskeun sagemblengna kapercayaan warisan karuhun.
Klasifikasi Mantra (Rusyana) :
 Asihan
 Jangjawokan
 Ajian
 Singlar
 Rajah
 Jampe
Asihan nya eta mantra nu dipake pikeun ngawasa atawa mangaruhan sukma nu lian, nu dipikacinta supaya bogoheun, jeung nu mapatkeunana pinunjul kakasepanana atawa kageulisanana nepi ka pada mikaasih (Rusyana, 1970)
Conto : Asihan si burung pundung
Asihan aing si burung pundung
Maung pundung datang amum
Badak galak datang depa
Oray laki datang numpi
Burung pundung burung cidra ku karunya
Malik wales malik asih ka awaking
Jangjawokan nya eta mantra nu dipake pikeun atawa rek milampah hiji pagawean. Tujuanana sangkan pinunjul hasilna, tur nu ngalampahkeunana aya dina kasalametan atawa karahayuan (Rusyana, 1970)
Conto : Paranti seuri
Puruluk buruy tina huntu
Paralak bay tina letah
Seukeut seuri tajem pantes
Pret mayang pret solasih
Ret nu hayang ret nu asih
asih ka seuri awaking
Si semar hah-hah-hah-hah
Si semar hih-hih-hih-hih
Si semar angguletik angguliyeng
(Rosidi, 1995)
Ajian nya eta mantra nu dipake pikeun meunangkeun kakuatan pribadi. Misalna sangkan ludeungan, bedas, awet ngora, jsb. Atawa pikeun ngajaga lembur, raja kaya, pepelakan, ingon-ingon, jsb. Salianti pikeun ngajaga diri oge, ajian sakapeung diparuhit ku tukang teluh (Rusyana, 1970).
Conto : Ajian pikeun kabedasan
Dampal suku ngabatu datar
Bitis batu wilis
Nyurup ka badanna
Nyurup ka sungsumna
Getih sabadan
Bulu sabadan
Bedas ngala ka aki
Bismillah
(Sumarsono,1983)
Singlar dipake pikeun nyinglarkeun gangguan jurig, kuntilanak, leleembut, musuh, sasatoan nu galak, jeung nu ngaganggumanusa (Rusyana, 1970). Tujuanana sangkan meunang karahayuan jeung tujuan sejenna nu hade.
Conto : Singlar ka musuh
Curulung cai ti magung
Barabat ti awang-awang
Cai tiis tanpa bisi
Mun deuk nyatru ka si itu
Mun deuk hala ka si eta
Anaking palias teuing
Rajah nya eta mantra nu dipake upama rek ngambah leuweung anu sanget, muka pihumaeun, nyieun babakan, nalukeun siluman-siluman, ngaruat, jsb (Rusyana, 1970). Salain eta, rajah mangrupa bubuka dina carita pantun, aya rajah bubuka jeung rajah panutup (pamunah).
Conto : Rajah muka pihumaeun
Bismillahirrohmaanirrohim
Nyi usuk-usuk bumi
Aki usuk-usuk bumi
Manyusup bumi pakuan
Sri angko wulu tumpuh timur tatar wetan
Nya di dieu lemah putih pipareeun
Sri bangbang sri bujang ka kidul
Istan istan
Jampe nya eta mantra nu dipake paranti nyageurkeun kasakit jeung kacilakaan, upama kabeureuyan, jengkoleun, jsb (Rusyana, 1970)
Conto : jampe dicoco kala
Kalaka kaliki
Kala lumpat ka sisi cai
Aing nyaho ngarran sia
Ngaran sia kuli kai
Tawa tawe
Ditawa ku sang indung putih
Tiis tipeuting waas tibeurang
Paripurna hurip waras
Bahan bacaan :
 Rosidi, ajip. 1995. Puisi Sunda Jilid 1.Bandung: Geger Sunten.
 Rusyana, Yus. 1970. Bagbagan Puisi Mantra Sunda. Bandung: Proyek Penelitian Pantun jeung Foklor Sunda.
 Rusyana, Yus. 1980. Panyungsi Sastra. Bandung : Gunung Larang.
 Salmun, M.A. 1963. Kandaga Kasusastraan Sunda. Bandung-jakarta: Ganaco N.V.
 Samsudin. 1989. Model Pangajaran Mantra di SPG pasundan Bandung (skripsi). Jurusan Pendidikan Bahasa Daeerah FPBS IKIP Bandung.
 Suryani, Dra. Eliis. 1999. Mantra Dalam Naskah Sunda. Jurusan Pendidikan Sastra Sunda UNPAD.
 Sumarsono, tatang. 1984. Pedaran Sastra Sunda. Bandung: Medal Agung.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar