Minggu, 11 Oktober 2009

Kakawihan

KAKAWIHAN

Wangenan

Kakawihan asal kecapna tina kawih, nu hartina Rakitan basa sabangsa dangding nu teu make patokan pupuh. Ngawih nya eta ngalagukeun kawih atawa sisindiran. Ieu kabinangkitan teh ka asup sastra buhun, gelarna dina sastra Sunda mangrupa sastra sampakan. Tapi nu boga kakawihan teh lain ngan ukur urang sunda wae, unggal seler bangsa oge miboga kakawihan sewang-sewangan. Kakawihan ka asup sastra lisan, sumebarna tatalepa sacara turun tumurun di lingkungan masarakat. Ku kituna kakawihan sering disebut sastra balarea. Kakawihan lain ngan saukur dipake bari ulin, tapi oge sok dipake bari digawe.

RMA koesoemadinata (dina Soepandi, 1985:14) mere katerangan ngeunaan kawih, nya eta: sekar (tembang=kawih) ieu aya dua rupa:

1. Sekar irama merdeka, nya eta tembang nu panjang pondokna sora jeung wirahmana sakarep-karep numutkeun raosna priyangga, numutkeun kangeunahan nu tembang kayaning: tembang buhun rancag, tembang buhun raehan, beluk, kakawen, suluk, tembang Cianjuran, tembang Ciawian, kakawihan dongeng.

2. Sekar-tandak, nya eta tembang anu ajeg wiletanana tegesna lolongkrang-lolongkrang antara wirahma-wirahma sami sadayana.

Kadieukeuna kawih jeung tembang dibedakeun. Ari kawih mah dihartikeun sekar tandak, sedengkeun tembang nya eta sekar irama merdika atawa lagu swara. Kiwari kakawihan dihartikeun lagu-lagu anu sok dinyanyikun ku barudak bari ulin, nepi ka sakapeung sok disebut kakawihan barudak atawa kaulinan barudak. Wibisana spk (200:387) nyebutkeun lagu rakyat, hartina lagu jeung lirikna geus baku, sipatna anonym jeung nyebar ti jaman baheula. Lagu ngawih saperti Polostomo, Pacul goang, kadewan, jste. (Soepandi & Oyon Sofyan Usmari, 1985:7).

Kamekaran kakawihan

Kakawihan (teksna, fungsi jeung basana) robah luyu jeung kahirupan masarakat. Nurutkeun kalungguhana, kakawihan bisa dipasing-pasing jadi dua golongan nya eta kakawihan pikeun kaulinan jeung kakawihan pikeun digawe.

Ciri kakawihan

Kakawihan mangrupa bagian tina folklore, ku kituna sabagian tina ciri-ciri folklore dipimilik oge ku kakawihan, di antarana:

a. Sumebar jeung diwariskeun sacara lisan;

b. Sifatna tradisional, nyebarna angger di antara kelompok tertentu;

c. Aya varian jeung versi, kajadian poho jeung interpolasi sok nimbulkeun bedana teks. Ku kituna sakapeung teksna sok beda, wirahmana sarua. Atawa wirahmana sarua, teksna nu beda;

d. Umumna anonym;

e. Miboga rumus jeung pola;

f. Polos jeung lugu, sakapeung jiga kasar jeung spontan (Danajaya, 1984).

Klasifikasi kakawihan

Kakawihan bisa diklasifikasikeun dumasar fungsina, basana, waktu ngawihkeuna, oge eusina.

Dumasar fungsi, kakawihan pikeun kaulinan, pikeun sumanget digawe, pikeun mepende, oge pikeun protes social.

1. Kakawihan pikeun kaulinan:

Kakawihan nu dipake dina ngamimitian kaulinan di antarana: Cing Ciripit, dal del Dol, jeung Hompimpah.

Kakawihan sapanjang kaulinan: Aanyaman, Ambil-ambilan, Ayang-ayang Gung, Babagongan, Cingcangkeling, Eundeuk-eundeukan, jst.

2. Kakawihan pikeun numuwuhkeun sumanget digawe diantarana: Mars Siliwnagi, Ngawuluku, jeung Ngagebahan Manuk.

3. Kakawihan pikeun mepende, di antarana Nelengnengkung, Pat Lapat, jst.

4. Kakawihan pikeun protes social, mangrupa gambaran protes kana hiji kaayaan dina mangsa eta kakawihan dijieun, misalna: Ayang-ayang Gung, Bolu Bugem, Dengkleung Dengdek, Prangpring, Tongtolang Nangka, Hatiku Jang Wawan, jeung Eundeuk-eundeukan Lagoni.

Dumasar basana, aya nu eusina sagemblengna ngagunakeun basa Sunda jeung aya anu campur jeung basa sejen. Misalna: Punten Mangga, pupujian, Si Jendil Adil, Slep Dur, jeung Ula Elo Kembang.

Dumasar waktu, aya anu tadina sok dikawihkeun beurang atawa peuting oge aya anu beurang jeung peuting. Contona: Kalongking jeuung Bulan Tok.

Dumasar wangun, teksna aya anu dialog jeung aya anu monolog.

1. Kakawihan wangun dialog di antarana: Ambil-ambilan, Baju Beureum, Bolu Bugem, Cir Kupek, Gobang Kalima Gobang, Tongtolang Nangka, Eundeuk-eundeukan Lagoni, jeung Wek—wek Dor.

2. Kakawihan wangun monolog di antarana: Aanyaman, Ayang-ayang Gung, babagongan, Cingcangkeling, Cing Ciripit, Gobang gocir, jst.

Dumasar eusi, kakawihan loba nu ngagambarkeun kaayaan masarakat Sunda dina jamanna, magsa kakawihan diciptakeun. Eusi kakawihan loba nu ngagambarkeun kahirupan masarakat Sunda dina mangsa kakawihan diciptakeun. Wibisana spk (2000:387-396). Contona: Jung Jae, Ayang-ayang Gung, jst.

Papasingan kakawihan

Nilik kana wanguna, kakawihan barudak the sok dipasing-pasing jadi sababaraha golongan. Di antarana:

a. Wangun paparikan

Kakawihan wangun paparikan nya eta wanguna saperti paparikan, aya cangkang jeung eusi. Bedana, unggal padalisana teu matok 8 engang, anu penting asal sasora.

Conto:

TAT TIT TUT

Tat tit tut daun kaliki

Saha nu hitut budak lalaki

Tat tit tut daun kanyere

Saha nu hitut budak awewe

b. Kakawihan laras wekas

Kakawihan laras wekas nya eta kakawihan anu murwakanti engang tungtung, boh dina kecap-kecap dina saungkara boh dina kecap-kecap dina antar padalisan.

Conto:

EUNDEUK-EUNDEUKAN

Eundeuk-eundeukan lagoni

Meunang peucang sahiji

Leupas deui ku nini
beunang deui ku aki

c. Kakawihan margaluyu

Kakawihan margaluyu nya eta kakawihan anu kecap atawa engang dina tungtung padalisan, dibalikan deui dina awal padalisan, dibalikeun deui dina awal padalisan sapandeurieunana.

Conto:

AYANG-AYANG GUNG

Ayang-ayang gung

Gung goongna rame

Menak ki mas Tanu

Nu jadi wadana

Naha maneh kitu

Tukang olo-olo

Loba anu giru

Rukat jeung kompani

Niat jadi pangkat

Katos kagorengan

Ngantos kanjeng dalem

Lempa-lempi lempong

Ngadu pipi jeung nu ompong

d. Kakawihan mondoan kawit

Kakawihan mondoan kawit nya eta kakawihan anu malikan (mindo) kecap anu sarua dina awal padalisana.

Conto:

PUNTEN MANGGA
Punten… mangga

Ari ga, gatot kaca

Ari ca, cau ambon

Ari bon, bonteng asak

Ari sak, sakit perut

Ari rut, rujak asem

Ari sem, sempal sempil

Ari pil, pilm rame

Ari me, meja makan

Ari kan, kantong kosong

Ari song, song-song lampu

Ari pu, pulau bali

Ari pu, puak paok

Ari wok, wok berewok

2 komentar: