Minggu, 08 Maret 2015

GUGURITAN - DONGENG KEUR SMANDA

GUGURITAN Salasahiji wangun sastra nu mangrupa hasil karya sastra Sunda buhun nya éta Guguritan. Guguritan nya éta karangan dina wangun puisi anu pondok sarta kauger ku patokan pupuh. Numutkeun Tatang Sumarsono (1986: 60), guguritan téh asal kecapna tina gurit. Mun seug dipapay leuwih jauh, kecap gurit téh asalna tina basa Sangsekerta grath, hartina nyusun karangan. Dina basa Sunda aya istilah ngagurit atawa ngadangding, ari hartina mah sarua baé nuduhkeun pagawéan ngaréka atawa nyusun karangan winangun dangding. Istilah guguritan ceuk Wibisana (Ruhaliah, 2002: 138) geus ilahar dipaké dina sastra Sunda, nya éta pikeun nuduhkeun hiji karangan anu ditulis nurutkeun padika pupuh anu dianggap hiji korpus (corpus) anu mandiri, atawa dianggap mandiri, tegesna hasil ngadangding anu diwangun ku sapada atawa sababaraha pada nu mangrupa gunggungan atawa mangrupa bagian tina gunggungan hiji topik atawa hiji téma. Nurutkeun Iskandarwassid (1992: 46) guguritan nya éta puisi mangrupa dangding anu teu kawilang panjang. Ku lantaran teu panjang, biasana mah ukur dina hiji pupuh, tara gunta-ganti pupuh saperti dina wawacan, sarta ilaharna eusina henteu ngawujud carita (naratif). Sedengkeun Yus Rusyana (1981: 94) nyebutkeun yén guguritan karangan dina wangun ugeran teu bebas, lantaran kauger ku aturan pupuh. Ari seusina diwangun ku hiji jejer utama, sarta pikiran jeung perasaan pangarangna ogé museur ka dinya. Guguritan dina sastra Sunda nuduhkeun kana hiji wangun karangan pondok anu ditulisna dumasar kana patokan pupuh. Kecap pondok di dieu téh jadi ciri utama pikeun ngabédakeun guguritan jeung wawacan, lantaran wawacan ogé dina sastra Sunda mah mangrupa karangan ugeran anu kauger ku patokan pupuh. Bédana téh lebah panjangna carita, wawacan mah panjang, sedengkeun guguritan mah pondok. Anu dijieun patokan panjang pondokna téh nya éta jumlah pada. Kulantaran caritana panjang, wawacan mah diwangun ku pada anu loba. Contona Wawacan Purnama Alam, diwangun ku genep rébu pada. Dina guguritan mah hiji carita anu ngandung hiji téma bisa diwangun ku sababaraha pada. Malah mungkin waé ngan ukur sapada. Ieu hal luyu jeung katerangan anu dijéntrékeun ku M.A. Salmun (1963: 54), nu nétélakeun yén wawacan mah mangrupa puisi anu dibukukeun. Wawacan mah diwangun ku sababaraha pupuh, sarta réana warna pupuh gumantung kana panjang pondokna carita atawa kandel ipisna buku. Jadi tétéla, bédana guguritan jeung wawacan téh nya éta ditilik tina panjang pondokna karangan. Najan pada-pada ngagunakeun patokan pupuh, mun dibandingkeun jeung wawacan mah gelarna guguritan kaitung béh dieu. Wawacan gelar dina abad ka 17, sedengkeun guguritan dina ahir abad 18 atawa awal abad 19. (Sumarsono, 1986: 60-61). Gelarna dina sastra Sunda, guguritan téh mangrupa sastra sampeuran, nu asalna tina pangaruh kabudayaan Jawa. Sabada Pajajaran runtag taun 1579, Pasundan kungsi diéréh ku Mataram. Kailaharan bangsa nu diéréh, sok tuturut munding kana kabiasaan bangsa nu ngéréhna, kaasup dina sual kabudayaan. Loba pisan kabudayaan Jawa anu mangaruhan kana kabudayaan Sunda. Adat istiadat katatanagaraan jeung tata krama hirup kumbuh urang Sunda harita loba anu ngeunteung ka Jawa. Ti mimiti cara nyieun surat, ngagunakeun basa, nepi ka sual papakéan loba anu nurutan kabiasaan urang Jawa. Mangsa harita loba urang Sunda anu muka patalimarga ka Jawa, utamana ti golongan para ménak. Lian ti perlu pikeun nguruskeun masalah katatanagaraan, ogé réa urang Sunda anu ngadon sarakola ka Jawa. Di Jawana di antarana diajar perkara dangding. Sabada mulang deui ka Sunda, kabiasaan urang Jawa ngadangding téh disebarkeun deui di lingkungan masarakat Sunda. (Faturohman, 1983 :20). Guguritan ogé jadi sebutan pikeun hiji atawa sababaraha pada wangun puisi nu sok dilagukeun. Éta wangun puisi téh sok disebut pupuh, nu lobana aya 17 rupa, nya éta Kinanti, Asmarandana, Sinom, Dangdanggula, Pucung, Maskumambang, Magatru, Mijil, Wirangrong, Pang-kur, Durma, Lambang, Gambuh, Balakbak, Ladrang, Jurudemung, jeung Gurisa. Masing-masing pupuh ngabogaan katangtuan jumlah padalisan dina sapadana (patokan pupuh), nya éta jumlah engang dina unggal padalisan atawa guru wilangan, sora tungtung unggal padalisan atawa guru lagu, sarta watek pupuh. Numutkeun Wibisana spk. (2000: 562), istilah-istilah kasebut di luhur loba sasaruaanana jeung istilah-istilah dina sastra Jawa, tapi béda dina cara makéna. Pupuh dina sastra Jawa mah mangrupa kumpulan pada nu kabéhanana ngagunakeun aturan nu tangtu, biasana sok disebut tembang atawa sekar, sedengkeun pupuh dina sastra Sunda nya éta nu sok disebut sekar dina sastra Jawa, sedengkeun numutkeun J.J. Ras dina Wibisana (2000: 562) nu disebut guguritan dina sastra Jawa (modérn) bisa dihartikeun “sajak”. Hiji hal nu kudu diteuleuman ngeunaan pupuh nya éta pupuh dina sastra Sunda lobana aya 17. Dua pupuh teu kapanggih dina sekar atawa tembang Jawa, nya éta pupuh Lambang jeung Ladrang. Nepi ka jumlahna ngan aya 15. Aya kamungkinan, Lambang jeung Ladrang mangrupa ciptaan urang Sunda sorangan atawa modifikasi tina pupuh nu geus aya, tuluy dijadikeun pupuh nu mandiri (Darnawi dina Wibisana, 2000: 562). Dina guguritan basa Sunda umumna ngagunakeun basa Sunda anu digunakeun dina kahirupan sapopoé. Tapi pikeun kapentingan nyampurnakeun patokan dangding, pangarang kadang-kadang ngalakukeun tarékah séjén, saperti halna ngagunakeun basa campuran. Salia ti éta, pikeun nyampurnakeun katangtuan guru-lagu, kadang-kadang digunakeun basa séjén salian ti Basa Sunda, misalna basa Jawa, Malayu, atawa Sansekerta. Malah dina guguritan aya anu ngandung budaya Arab, sabab aya sababaraha pangarang guguritan anu ngagunakeun basa Arab atawa eusi guguritan anu asalna tina ayat-ayat suci Al-Qur’an atawa hadis. Guguritan biasana dibaca dihahariringkeun maké lalaguan anu geus matok pikeun éta pupuh. Atawa ngahaja dijadikeun rumpaka dina tembang Cianjuran. Umumna eusina ogé diluyukeun jeung watek pupuhna. Guguritan nyebar di masarakat sacara lisan ngaliwatan seni tembang Cianjuran. Kadieunakeun guguritan nyebar sacara tinulis ngaliwatan majalah jeung surat kabar. Diantarana Papaés Nonoman, Almenak Sunda, Pusaka Sunda, Parahiangan, Warga, Manglé, Kujang, Sari, jeung sajabana. Dumasar kana eusina, numutkeun Sumarsono (1986: 61-62), guguritan bisa dipasing-pasing jadi 8, nya éta nu eusina: 1. Piwulang, contona: Piwulang Éyang karangan A. Karta Winata, Wasiat karangan Mas Atmadisastra, Asmarandana Lahir Batin karangan R. A. Bratadiwidjaja, Wulang Krama, Wulang Murid jeung Wulang Guru karangan H. Muhamad Musa. 2. Kaéndahan alam, contona: Ulin Dinten Minggu karangan A. Prawira, Guguritan Laut Kidul karangan Kalipah Apo, Ngalayung ka Tungtung Lembur jeung Di Sisi Talaga karangan M.A. Salmun, Di Jalan Tasik-Garut karangan Memed Sastrahadiprawira, Ngalantung di Empang Purwakarta karangan O. Suriadiwidjaja, jeung Titingalan di Puncak Gunung karangan Warsih. 3. Sikep atawa rasa nyaah ka lemah cai, contona: Inget ka Jaman Baheula jeung Bali Geusan Ngajadi karangan M.A. Salmun. 4. Pangalaman kabatinan, contona: Dangdanggula Panorah Rasa, Kinanti Ngahurun Balung jeung Sinom Pamulang Tarima karangan H. Hasan Mustapa. 5. Lumangsungna musibat alam, contona Kiamat Leutik karangan Tubagus Djajadilaga. 6. Kanyaah kolot ka anak (ka sasama manusa), contona: Aoseun Saha? Karangan Sumitadikarta, Bangbara Sareng Kembang karangan Sadi’an, Hutang nu Moal Kabayar karangan M. A. Salmun. 7. Suasana kahirupan manusa sapopoé, contona: Patani karangan S. Natamihardja, Titis Tulis, Pamayang, Ngawuluku jeung Tukang Gula karangan M. A. Salmun. 8. Kasedih, contona: Kasedih nu Kakara Ngumbara karangan A. Sukarja, Leungiteun Bapa karangan Memed Sastrahadiprawira jeung Di Pangperangan karangan Satjadibrata. Guguritan gelar dina abad ka-19. Guguritan anu gelar sacara tinulis biasana sok dituliskeun saha pangarangna. Dijelaskeun ku Yus Rusyana (1984: 94) pangarang guguritan di antarana ieu di handap. 1) R. Haji Muhamad Musa (1822-1866) nganggit “Wulang Krama” (1862), “Wulang Guru” (1865), jeung “Wulang Murid” (1855); 2) R.A. Bratadiwijaya nganggit “Asmarandana Lahir Batin” (1892); 3) Haji Hasan Mustapa (1852-1930) nganggit welasan rébu pada guguritan, upamana baé “Kinanti Ngahurun Balung”, “Asmarandana Babalik Pikir”, “Sinom Pamulang Tarima”, “Dangdanggula panorah Rasa”, jeung réa-réa deui; 4) Kalipah Apo (R. Haji Muhamad Sueb) nganggit “Dangdanggula Laut Kidul” (1921); 5) M.A. Salmun anu mindeng maké ngaran singgetan M.A.S., jeung ngaran samaran (1903-1972) nganggit ratusan guguritan. Sabada perang dunya kadua mimiti jul-jol pangarang anyar, di antarana Wahyu Wibisana, Apung S. Wiriaatmaja, Yus Rusyana, jeung Deddy Windyagiri. Ka dieunakeun réa pangarang ngora nu nulis guguritan dina “Manglé”. Ka dieunakeun malah aya nu nulis guguritan dina wangun buku, saperti Yus Rusyana ngarang guguritan Munggah Haji, Wahyu Wibisana ngarang Riring-riring Ciawaking, jeung sajabana (Ruhaliah, 2002: 139). Pamarekan Struktural (Nalungtik Guguritan) Tomas Warton (Koswara, 2007: 10) ngébréhkeun yén sastra téh gudang adat istiadat, buku sumber sajarah peradaban, utamana mah sajarah timbul jeung tilemna sumanget kasatriaan. Ku sabab kitu sastra dianggap sabagé dokumén sosial bisa dipaké pikeun medar ihtisar sajarah sosial. Karya sastra samodél guguritan bisa disusud ma’na eusina. Pikeun prak-prakan nyusud ma’na eusi guguritan tétéla lain mangrupa kagiatan gampang, sabab bakal adu hareupan jeung téks anu tangtu anu kudu dima’naan. Cara anu bisa digunakeun pikeun ngama’naan guguritan ngaliwatan pamarekan struktural. Strukturalisme dina awalna hadir di Prancis, nurutkeun Eagleton (Syuropati, 2011: 45), tumuwuh mimiti taun 1960-an. Sanajan kitu, strukturalisme geus aya jauh ti saacan éta. Tumuwuhna strukturalisme dimimitian ku ayana buku Caurse in General Linguistic (1916) ku Ferdinan De Saussure anu ngajadikeun basa salaku hiji sistem tanda anu dikaji sacara singkronis jeung diakronis (Syuropati, 2011: 45). Struktural miboga fungsi pikeun ngabedah kaitan-kaitan atawa unsur dina hiji objék. Tiori strukturalisme sastra mangrupa hiji tiori pikeun pamarekan téks-téks anu nekenkeun sakabéh rélasi antara sababaraha unsur téks. Strukturalisme sastra ngupayakeun ayana hiji dasar anu ilmiah pikeun tiori sastra, saperti halna disiplin-disiplin élmu séjénna (Syuropati, 2011: 45). Teew (Syuropati, 2011: 45) ngébréhkeun, asumsi dasar strukturalisme mangrupa téks sastra mangrupa sakabéhna, kesatuan anu buleud jeung miboga kohérénsi batiniah. Antara taun 1910-1915, di Itali jeung Rusia timbul gerakan Avant Garde anu dikenal salaku Gerakan Futurisme (Mass Depan). Ti dinya Formalisme Rusia dilahirkeun, anu dina giliranna jadi titik awal munculna élmu sastra modérn. Gerakan anu dianggap salaku pelopor tumuwuhna tiori-tiori strukturalisme. Pamarekan struktural nganggap yén karya éta mangrupa hiji struktur anu unsur-unsurna atawa bagian-bagianna saling miboga kaitanna. Ma’nana kapanggih ku aya saling hubungan antara unsur-unsur éta jeung kasaluruhan atawa totalitasna (Ruhaliah, 2006: 38). Unsur-unsur dina hiji karya sastra bisa dianalisis jeung didéskripsikeun. Tina analisis éta jadi jelas yén sababaraha unsur saling mangaruhan. Analisis struktur karya sastra berarti ngajéntrékeun pungsi jeung kaitanna jeung unsur-unsur séjén. Analisis di dieu bisa dilakukeun ku cara ngidéntifikasi, nalungtik leuwih jero, jeung ngadéskripsikeun pungsi jeung hubungan antarunsur intrinsik anu aya kaitanna. Struktural Formal Guguritan Naskah Haji Hasan Mustapa dina wangun pupuh guguritan. Dina Kamus Basa Sunda (Danadibrata, 2006: 240), asal kecap tina guguritan téh gurit, ngagurit, nyusun basa kana pupuh, ngaran tembang, sok disebut ogé mangun. Ting. anggit, dangding, guguritan karangan anu dijieun gurit. Ting: karang sanggi gending. Guguritan anu dilagukeun téh disebut pupuh. Iskandarwassid (2003: 119) nyebutkeun pupuh mangrupa rakitan puisi (wangun ugeran) tradisional, anu kauger ku rupa-rupa patokan, boh wangunna boh eusina. Tina hal wangunna, kaugerna téh ku réana padalisan dina unggal pada, ku réana engang dina unggal padalisan (disebutna guru wilangan), jeung kauger ku sora vokal dina engang panungtung dina unggal padalisan. Tina hal eusina, kauger ku sipat eusina, naha digunakeun keur ngagambarkeun kabungah, kasedih, jsté. (disebut watek pupuh, sipat pupuh). Pupuh Sunda lobana aya 17, kabagi dua jinis nya éta sekar ageung jeung sekar alit. Anu kaasup kana sekar ageung di antarana Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula. Sedengkeun anu kaasup kana sekar alit nya éta Magatru, Mijil, Durma, Pangkur, Maskumambang, Pucung, Wirangrong, Jurudemung, Balakbak, Gambuh, Gurisa, Lambang, jeung Ladrang. Nyusun pupuh kauger ku sababaraha aturan pikeun nyieun dangding. Hermansoemantri (Ruhaliah, 2010: 14) nyebutkeun yén pola-pola nyusun dangding di antarana ieu di handap. a. Guru-garta, nya éta katangtuan ngeunaan jumlah baris atawa larik dina masing-masing bait; b. Guru-wilangan, nya éta katangtuan ngeunaan jumlah silaba (engang) dina unggal larik dina tembang Jawa anu dibéré ngaran guru petungan atawa guru wicalan; c. Guru-lagu, nya éta katangtuan ngeunaan vokal dina silaba anu ahir ti tiap larik; d. Wirahma, nya éta pemecahan larik kana dua gugusan silaba anu diwatesan ku pedoman (caesura); e. Adegan, nya éta paduan wangenan (sense unit) anu aya dina larik-larik atawa bait; f. Karakter pupuh. 1) Guru-gatra, Guru-wilangan, jeung Guru-lagu Satjadibrata jeung Soepandi (Ruhaliah, 2010: 14) nyebutkeun yén aturan guru lagu jeung guru wilangan pupuh dina tembang Sunda dijéntrékeun ieu di handap. Tabél 2.1 Patokan Pupuh No Pupuh Baris ka- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 1 Asmarandana 8-i 8-a 8-e/o 8-a 7-a 8-u 8-a 2 Dangdanggula 10-i 10-a 8-e/o 7-u 9-i 7-a 6-u 8-a 12-i 7-a 3 Kinanti 8-u 8-i 8-a 8-e 8-a 8-i 4 Sinom 8-a 8-i 8-a 8-i 7-i 8-u 7-a 8-i 12-a 5 Balakbak 12-a 3-e 12-a 3-e 12-1 3-e 6 Durma 12-a 7-i 6-a 7-a 8-i 5-a 7-i 7 Gambuh 7-u 10-u 12-i 8-u 8-o 8 Gurisa 8-a 8-a 8-a 8-a 8-a 8-a 8-a 8-a 9 Jurudemung 8-a 8-u 6-e 8-a 8-u 10 Lambang 8-a 8-a 8-a 8-a 11 Ladrang 10-e 8-a 8-i 12-a 12 Magatru 12-u 8-i 8-u 8-i 8-o 13 Maskumambang 12-i 6-a 8-i 8-a 14 Mijil 10-i 6-o 10-e 10-i 6-i 6-u 15 Pangkur 8-a 11-i 8-u 7-a 12-u 8-a 8-i 16 Pucung 12-u 6-a 8-e/o 12-a 17 Wirangrong 8-i 8-o 8-u 8-i 8-a 8-a Katerangan: 8-a : hartina unggal larik diwangun ku dalapan suku kecap (silaba), tur sora panungtungna /a/. Patokan pupuh di dieu aya ogé anu béda, nurutkeun Satjadibrata (Ruhaliah, 15) patokanna nya éta 8-e. Dina tiorina, aya larik-larik dina pupuh anu jumlah suku kecapna ganjil. Tapi dina sababaraha naskah kapanggih yén patokan-patokan éta henteu diturut. Rosidi (Ruhaliah, 2010: 17) nyebutkeun yén para pangarang guguritan dina tembang, sering ngalakukeun “palanggaran” kana patokan dangding. Hal ieu dikasangtukangan ku patokan lagu tembang loba diadasaran ku lagu-lagu Sunda buhun, utamana papantunan anu umumna jumlah engangna aya genap (dalapan engang). Ku tiap baris anu nuruta aturan dangding engangna kudu tujuh, digenapkeun jadi dalapan (ditambah) ku para juru tembang. Hermansoemantri (Ruhaliah, 2010: 19) nyebutkeun yén pikeun minuhan katangtuan guru-lagu, nu nulis dangding ngusahan ku cara-cara ieu di handap: 1) Mindahkeun salah sahiji kecap atawa kelompok kecap ka ahir larik; 2) Maké kecap anu dicokot tina basa Jawa; 3) Ngalemeskeun kecap. Hermansoemantri (Ruhaliah, 2010: 20) ngébréhkeun aya sababaraha faktor kajadian panyaliwangan guru wilangan diklasifikasikeun jadi: a. Panyaliwangan anu disababkeun ku mentingkeun wangun kecap, anu miboga tujuan sangan teu ngarukak kecap; b. Panyaliwangan anu disababkeun ku pola métrik anu dijadikeun papagon si pangarang dina sababaraha hal némbongkeun henteu sarua jeung guru wilangan anu baku. Rosidi (Ruhaliah, 2010: 7) nyebutkeun “Aya anggapan, yén karangan dina wangun dangding kadang ngan saukur ngutamakeun kaédah pupuh tur mopohokeun eusina, iwal ti karya Haji Hasan Mustapa. 2) Pedotan jeung Wirahma Nurutkeun Hermansoemantri (Ruhaliah, 2010: 20) pedotan atawa randegan nya éta pangeureunan sora, jeda, atawa caesura. Panembang kana bagian-bagian anu tangtu dina hiji larik, nya éta kana pedotan, ngeureunkeun nyanyianna sakeudeung. Hermansoemantri (Ruhaliah, 2010: 20) tempat pedotan dina larik dangding ditabélkeun saperti ieu di handap. Tabél 2.2 Pedotan Larik Dangding No. Jumlah Silaba dina Larik Tempat Pedotan (ku tanda titik “.”): Pola a Pola b Pola c 1 5 3.2 2.3 - 2 6 4.2 3.3 2.4 3 7 4.3 3.4 2.3.2 4 8 4.4 3.3.2 3.2.3 5 9 4.3.2 4.2.3 - 6 10 4.4.2 4.3.3 4.2.4 7 11 4.4.3 4.3.4 4.2.3.2 8 12 4.4.4 4.3.3.2 4.3.2.3 3) Adegan Nurutkeun Hermansoemantri (Ruhaliah, 2010: 21) adegan nya éta sense unit anu kaasup ku larik (-larik) atawa bait (pada) hiji dangding. Kadang-kadang piekun istilah ieu dipaké oge kecap randegan. Sedengeun M.A. Salmun (Ruhaliah, 2010: 21) nyebutkeun yén randegan mangrupa istilah séjén pikeun pedotan. Hiji gubahan atawa dangding bisa disebutkeun alus saupama tiap larik mangrupa kalimat anu sampurna. Sedengkeun nurutkeun Hardjawiraha (Ruhaliah, 2010: 22), adegan lain dijadikeun ku hiji larik (gatra) hungkul, tapi éta ogé ku dua atawa tilu larik nu tangtu. 4) Karakter Pupuh Hermansoemantri (Ruhaliah, 2010: 22) ngajelaskeun yén klasifikasi pupuh didadaaran ku karesep masarakat, nya éta: 1) Pupuh anu paling dipikaresep, nya éta pupuh Dangdanggula, Sinom, Asmarandana, jeung Kinanti; 2) Pupuh anu biasa muncul dina wawacan, nya éta pupuh Dangdanggula, Sinom, Asmarandana, Kinanti, Durma, Pangkur, Pucung, Magatru, Mijil, jeung Maskumambang 3) Pupuh anu jarang dipaké nya éta pupuh Wirangrong, Balakbak, Gurisa, jeung Lambang; 4) Pupuh anu ampir kapopohokeun nya éta pupuh Ladrang, Gambuh, jeung Jurudemung. Anu aya kaitanna jeung karakter pupuh, Kartomi (Ruhaliah, 2010: 22) ngajéntrékeun yén babagian tembang macapat diwangun ku opat tipe utama, diwincik ieu di handap. 1) Pupuh anu sifatna liris (ungkapan tina hate), nya éa Kinanti, Asmarandana, jeung Mijil; 2) Pupuh anu sifatna nyaritakeun nya éta Dangdanggula jeung Sinom; 3) Pupuh anu sering dipaké pikeun ngagambarkeun ajadian anu dahsyat jeung heuras nya éta Durma jeung Pangkur; 4) Pupuh anu sifatna heuras jeung panas nya éta Maskumambang jeung Pucung. Nurutkeun Satjadibrata (Ruhaliah, 2010: 22) watek pupuh intina diwangun ku opat jinis ieu di handap. 1) Dangdanggula anu miboga harti gumbira; 2) Maskumambang anu miboga harti prihatin; 3) Balakbak anu miboga harti humor; 4) Durma anu ngagambarkeun amarah. Struktur Naratif Dina hakékatna mah mangrupa struktur. Éta struktur téh, diwangun ku unsur-unsur karya sastra anu silih rojong. Nurutkeun Iskandarwassid (2003: 153), struktur dina sastra nya éta corak rakitan (susunan) komponén-komponén karangan nepi ka ngahasilkeun wujud karya sastra, gembleng boga ma’na. Strukturna diwangun ku unsur-unsur téma, palaku, jeung watek palaku, galur jeung tahapanana, latar, gaya carita, puseur sawangan, amanat, jeung pupuh nu digunakeun.Pedaran unggal-unggal unsur di luhur, dijéntrékeun ieu di handap. 1) Téma Téma téh hal atawa unsur anu pangpentingna dina sakabéh carita. Ieu hal luyu jeung pamadegan para ahli, nu ngébréhkeun pamanggiha ngeunaan téma. Dina hakékatna, pangarang nyipta hiji karya sastra téh pikeun nepikeun hiji hal ka masarakat, tegesna ka nu maca éta karya. Ku kituna, naon-naon anu ditulis ku pangarang dina karya sastra téh, nyoko kana hiji idé atawa hiji konsépsi. Dina guguritan téma kaasup unsur nu penting. Lain ngan pedah jadi dasar carita, tapi penting lantaran bisa nuduhkeun pasualan nu rék diasongkeun ku pangarang dina éta guguritan. Nurutkeun Sudjiman (1988: 50) téma téh nya éta gagasan, idé atawa pikiran utama, anu jadi dadasar dina hiji karya sastra. Sedengkeun Faturohman (1983: 7) nyebutkeun yén téma téh nya éta unsur poko carita, anu digelarkeun ku pangarang dina karyana. Sumardjo & Saini K.M. (1986: 8) nétélakeun yén ‘karya sastra yang bermutu, merupakan penafsiran kehidupan’. Dumasar kana éta katerangan, tangtu téma-téma nu hadé téh nya éta, téma anu lahir tina perenungan pangarang kana kahirupan. Téma nu dipilih biasana ngeunaan hal anu patalina jeung kaagamaan, adat-istiadat, ajaran moral, tangtungan hirup, jst. Dina guguritan téma téh pohara réana. Upamana waé téma anu patalina jeung agama, ngeunaan kagagahan hiji jalma, wawales ka nu telenges, sarta hal-hal anu patalina jeung kahirupan sapopoé (Faturohman, 1983: 41). Dumasar kana pamadegan di luhur, bisa dicindekkeun yén dina enas-enasna mah sarua waé, téma téh nya éta idé, dasar gagasan utama atawa jejer nu aya dina eusi karya sastra. 2) Latar Latar téh nya éta lumangsungna hiji kajadian. Ku kituna, latar biasana patali jeung hal- hal saperti di mana tempatna, iraha kajadianana, sarta kumaha éta kajadian téh lumangsung. Iskandarwassid (2003: 74) nétélakeun yén nu disebut latar atawa setting nya éta gambaran waktu, kaayaan pajamanan, patempatan, lingkungan, suasana, jst. anu ngalantaran kajadian carita. Tegesna mangrupa salasahiji komponén dina adegan karangan. Merenah henteuna milih latar jeung ngadéskripsikeunana milu nangtukeun ajén karangan. Sedengkeun Faturohman (1983: 9) nyebutkeun latar nya éta waktu jeung tempat lumangsungna kajadian. Kitu deui Sudjiman (1990: 44) nétélakeun yén segala keterangan, petunjuk, pengacuan, yang berkaitan dengan waktu, ruang, dan suasana terjadinya peristiwa dalam suatu karya sastra. Dumasar kana katerangan di luhur, bisa dicindekkeun yén latar téh ngawengku waktu, tempat, jeung kaayaan lumangsungna kajadian dina hiji karya sastra. Nu dimaksud latar waktu, nya éta latar anu pakuat-pakait jeung lumangsungna carita, saperti poé, tanggal, bulan, taun, jsté. Lian ti éta, nu dimaksud latar tempat nya éta latar anu hubunganana jeung tempat carita, saperti di désa, di kota, di leuweung, jsté. Sedengkeun nu dimaksud suasana, nya éta kaayaan nu tangtu, anu sipatna gumbira, sedih, ambek, jsté. Éta sakabéhna dihaja ku pangarang pikeun nandeskeun maksud atawa tujuan carita. 3) Gaya Basa Iskandarwassid (2003: 44) ngajelaskeun anu disebut gaya, atawa gaya basa nya éta corak éksprési basa, boh dina prosa boh dina puisi; cara kumaha anu digunakeun ku pangarang dina midangkeun omongan. Pasipatan gaya (basa) dina karya sastra, atawa tina hiji pangarang, bisa dianalisis tina (1) diksina atawa pilihan kecap, (2) tina ungkara atawa struktur kalimahna, (3) tina rupa-rupa babandingan jeung cara ngantebkeun harti, (4) tina pola wirahmana, purwakantina, jeung ciri-ciri wangunna nu séjén, jeung (5) tina cara-cara nimbulkeun éfék ku rakitan basa. Sedengkeun nurutkeun Sumardjo & Saini K.M. (1986: 92), gaya téh nya éta “cara khas pengungkapan seseorang. Cara bagaimana seorang pengarang memilih tema persoalan, meninjau persoalan, dan menceritakannya”. Sedengkeun nurutkeun Aminuddin mah, gaya téh nya éta cara hiji pangarang dina nepikeun gagasanna ngaliwatan média basa, nepi ka ngajanggélék hiji basa nu éndah jeung harmonis, nu ngawengku aspék pangarang, éksprési, jeung gaya basa (2004: 76). Dumasar katerangan di luhur bisa dicindekkeun yén gaya téh nya éta cara pangarang dina ngébréhkeun carita ngawengku cara nyusun kalimah, paguneman, cara nyawang pasualan, sarta cara medar jeung ngasongkeun idé, ngaliwatan kaparigelan pangarang dina ngarakit basana pikeun nepikeun maksud. 4) Amanat Sudjiman (1988: 57) nyebutkeun dina hiji karya sastra, biasana aya ajaran moral atawa pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca. Éta pesen téh disebut amanat. Amanat téh mangrupa kahayang pangarang anu ditepikeun ka nu maca ngaliwatan hasil karyana. Amanat raket pisan patalina jeung téma, sabab sarua ngébréhkeun hal-hal anu aya patalina dina ngungkulan pasualan-pasualan hirup. Disagigireun éta ogé amanat raket patalina jeung itikad pangarang. Itikad pangarang umumna mah hadé, upamana waé: hayang ngarobah kabiasaan hirup masarakat nu tadina goreng jadi hadé. Jadi, cindekna mah nu dimaksud amanat téh, nya éta pesen atawa kahayang pangarang anu ditepikeun ngaliwatan karya sastra. CARPON Carpon mangrupa singgetan tina carita pondok. Carita: carios, ucap, omongan, dongéng, lalakon (KUBS). Kecap pondok didieu dihartikeun saeutik. Carita pondok nyaéta carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukurannana parondok, jumlah kecapna: 5000-10000 kecap. Kulantaran pondok, caritaan nu ditepikeunna ogé ngan sakajadian tur palakuna ogé teu loba. Carita pondok téh aya sasaruaannana jeung dongéng. Boh dongéng boh carita pondok pada-pada carita anu parondok. Ngan lamun dina dongéng mah sok aya babagian anu pamohalan (teu kaharti ku akal), ari carita pondok mah eusina kahati ku akal nya éta dina palakuna, jalan caritana, tempat, waktu kajadian jeung gelarna diréka lir anu enya kajadian. Dongéng mangrupa hasil sastra béh ditu, sedengkeun carpon mangrupa hasil sastra béh dieu. Cara nyebarna dongéng mah umumna ku lisan, ari carpon mah ku tulisan. Saperti umumna sastra lisan dongéng mah teu kasebut ngaran anu ngarangna, disebutna ogé sastra balaréa. Ari carita pondok mah kanyahoan saha anu ngarangna. Carita pondok mekar dina kahirupan sastra Sunda téh mimiti abad ka-20 (Rusyana, 1992). Carpon geus dipidangkeun dina majalah Parahiangan nu mimiti medal (1929). Dina majalah nu dikaluarkeun ku Balé Pustaka éta sok dimuat carpon. Lian ti dina majalah, carita pondok téh gelar dina buku. Buku kumpulan carpon anu mimiti judulna Dogdog Pangréwong, dikaluarkeun ku Balé Pustaka dina taun 1930. Jadi genep taun leuwih ti heula batan kumpulan carita pondok nu mimiti dina sastra Indonesia, nyaéta Teman Duduk karangan Muh. Kasim anu kaluar taun 1936. Ngaran nu ngarangna ukur ditulis aksara mimitina, G.S. Ceuk R. Ero Bratakusumah, GS téh mangrupa ngaran samaran tina G. Suwandakusuma nu kungsi jadi wadana. Sedengkeun ceuk M.A. Salmun mah G. Sastradireja. Karangan wangun carpon umumna hirupna téh ku ayana majalah jeung kalawatra, lantaran dimuatna dina éta media. Pikeun ngamalirkeun karangannana, urang Sunda ngadegkeun majalah Papaés Nonoman (1915), Padjadjaran (1981), Volksalmanak Sunda (1919), Pusaka Sunda (1923), jeung Sipatahunan (1923) nu engkéna jadi surat kabar Parahiangan (1929), Panghegar (1952). Sabada Indonesia merdeka mimiti harirup majalah-majalah jeung kalawatra anyar, di antarana: 1) Warga ( Bogor, 1951); 2) Sunda (Bandung, 1952); 3) Candra ( Bogor, 1954). Nomer munggaran medal bulan Mei 1954. Dihandapeun ngaranna ditulis “Majalah Bulanan Roman Sunda Populer”. Tapi nu dimaksud roman di dieu mah carita pondok, lain novel. Pangasuhna dicekel ku S. Eeng Natadipura, sedengkeun rédaksina diaping ku M.A.Salmun. 4) Kujang (Bandung, 1956); 5) Manglé (Bogor, 1957); 6) Kiwari (Jakarta, 1957); 7) Sari (Bandung, 1963); 8) Langensari (Bandung, 1963); 9) Sangkuriang (Bandung, 1964); 10) Baranangsiang (Bogor, 1964). Diadegkeun ku Yayasan Kebudayaan; 11) Campaka (Bandung, 1965) ku Yayasan Campaka. Tumpur dina taun 1967; 12) Mingguan Sunda (Bandung, 1966); 13) Kutawaringin (1966) majalah bulanan nu diterbitkeun di Subang; 14) Wangsit nu diterbitkeun di Bandung dina bulan Ferbruari 1966 ku Yayasan Bakti Haruman; 15) Hanjuang (1971); 16) Gondéwa (1972); 17) Giwangkara (1973); 18) Galura (1947); 19) Cupumanik (2003); jst. Dina usum perang mah langka jalma nu miroséa sastra. Sabada suasana karasa aman deui, réa pangarang nu nulis deui carita pondok. Karanganana, salian ti digelar dina majalah-majalah, aya ogé kumpulan carita pondok nu medal, di antarana: 1) Carita Biasa karangan R.A.F (Balé Pustaka, 1959). Kaldelna 119 kaca. 2) Papacangan karangan Rusman Sutiasumarga (Balé Pustaka, 1960), kandelna 64 kaca. 3) Hujan Munggaran karangan Ayatrohaédi (Balé Pustaka, 1960) kandelna 76 kaca. 4) Dongéng Énténg ti Pasantrén karangan R.A.F (Taraté, 1961). 5) Néangan karangan Tini Kartini (Kiwari, 1963) kandelna 104 kaca. 6) Jurig karangan Tini Kartini (Kiwari, 1963) kandelna 88 kaca. 7) Béja Ti Maranéhna karangan Ki Umbara (Pusaka Sunda, 1964). 8) Parawan karangan Yus Rusamsi (Pusaka Sunda, 1964). 9) Tamiang Meulit ka Bitis karangan Ermas, sandiasma R.Rachmat Marta Adi Subrata (Pusaka Sunda, 1965). 10) Di Luhureun Jukut Reumis karangan Yus Rusyana (Pusaka Sunda, 1965). 11) Teu Tulus Paéh Nundutan karangan ki Umbara (Pusaka Sunda, 1965). 12) Diwadalkeun ka Siluman karangan Ki Umbara (Kiwari, 1965) kandelna 80 kaca. 13) Paséa karangan Tini Kartini, diterbitkeun ku Cupumanik dina taun 1965. 14) Heuay karangan Eddy D. Iskandar, diterbitkeun taun 1980. 15) Nu Teu Kungsi Kalisankeun karangan Abdullah Mustapa, diterbitkeun taun 1981. 16) Nu Tepung di Imah Dukun karangan I.Asikin, diterbitkeun taun 1983. 17) Nyi Karsih karangan Karna Yudibrata, diterbitkeun ku rahmat Cijulang taun 1984. 18) Kanyaah Kolot karangan Karna Yudibrata, diterbitkeun ku Rahmat Cijulang taun 1985. 19) Jajten Ninggang Papastén karnagan Yus Rusyana, diterbitkeun ku rahmat Cijulang taun 1988. 20) Halimun Peuting karangan Iskandarwassid, diterbitkeun ku rahmat cijulang taun 1989. 21) Jiad Ajengan (Usep romli HM, 1991). 22) Panggung Wayang karangan Aam Amilia, diterbitkeun ku Geger Sunten taun 1992. 23) Ceurik Santri (Usep Romli, Rahmat Cijulang, 1985, 1991) 24) Mirah Dalima karangan Kis Ws, diterbitkeun ku Girimukti Pasaka taun 1992. 25) Serat Sarwa Satwa 9Godi Suwarna, Geger Sunten, 1995). 26) Awéwé Dulang Tinandé (Caraka). 27) 40 Dongéng Énténg ti Pasantrén karangan RAF, diterbitkeun ku Geger Sunten taun 1998. 28) Oknum karangan Hadi AKS, diterbitkeun ku Geger Sunten taun 1998. 29) Nu Harayang Dihargaan karangan Darpan Ariawinangun, taun 1998. 30) Pantun Pangrajah (Usman Supéndi, 2002). 31) Anak Jadah (Cecep Burdansyah). 32) Astrajingga Gugat (Oom Sumara de Uci). 33) Koruptor (Oom Somara de uci, 2002). 34) Anaking Jimat Awaking (Wahyu Wibisana). 35) Babu Kajajadén (Syarif Amin). 36) Lalakon Bingbang (Dian Hendrayana). 37) Paséa jeungg Nyi Karsih (Tini Kartini, 2003, KBU). 38) Ajalna Sang Béntang Film (Duduh Durahman, 2004, KBU). Salian ti kumpulan carita pondok karangan hiji pangarang, aya ogé kumpulan carita pondok nu mangrupa antologi, di antarana: 1) Kanjutkundang dikumpulkeun ku Ajip Rosidi jeung Rusman Sutiasumarga, diterbitkeun ku Balai Pustaka taun 1963. 2) Anting Pérak nu diterbitkeun ku Sargani Bandung, taun 1966. 3) Carécét Sulam diterbitkeun ku Sargani taun 1966. 4) Demi pasukan diterbitkeun ku Sargani taun 1966. 5) Sawidak Carita Pondok dikumpulkeun ku Abdullah Mustappa, Duduh Durahman, jeung Karno Kartadibrata, diterbitkeun ku Manglé taun 1983. 6) Petingan dikumpulkeun jeung disawang ku Duduh Durahman, diterbitkeun ku Manglé taun 1984. 7) Guriang Tujuh dikumpulkeun ku Tini Kartini, Ningrum Djulaeha, jeung Rachmat M. Sas Karana, diterbitkeun ku Rahmat Cijulang taun 1984. 8) Ti Pulpén Tepi ka Pajaratan Cinta (antalogi carpon mini, 2002). 9) Kanagan, kumpulan carpon pinilih Manglé hadiah Uu Rukmana (Geger Sunten, 2003). 10) Campaka Mangkak (PPSS, Kiblat Buku Utama, 2003). 11) Heulang Nu Ngajak Béngbat (PPSS, KBU, 2004). *Catetan diluhur rangkuman tina buku Panyungsi Sastra (DR. Yus Rusyana) jeung Diktat Kuliah (Sajarah Sastra Sunda) Dr. Ruhaliah, M.Hum.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar